Ku Asikin Hidayat
langit lemah cai
langit nu ngunikeun jangji sababaraha waktu
memeh kuring ngarti naon harti surti
pikeun sagala sora nu ngalagena
langit lemah cai
langit nu ngebrehkeun kalimah
pikeun sawatara seke seler nu kungsi dileler
pangajen pikeun pangakuan anu nyata
langit lemah cai
langit nu nyidem beja mangsa walurat
jadi kalangenan sapopoe bareng jeung patingkuniangna
mayit-mayit hirup maparinun ka unggal dampal panangan
langit lemah cai
langit nu poe ieu atra dina sajarah
kacatet miyuni papaes rarampe jampe
pikeun sakumaha hate ieu bangsa
langit lemah cai
langit nu kungsi lemah
sabada cai motah mapakan langit!
Panonpoe nu rek Surup
Dina gurat-gurat kayakinan, anjeun kungsi ngotretkeun galur carita nu can kungsi ka ukurDina daluang nu meh laas ku tilemna mangsa, anjeung medar perkara panonpoe anu rek surup
Panonpoe nu geus bosen nembongan pikeun urang duaan
Sukma urang adug lajer pikeun nyawang mangsa nu bakal datang
Ngotektak kana saban uteuk nu wangkelang kana ugeran
Sedeng dina kolbu mangrewu-rewu rinyuh nyaliara ngagorogotan kaimanan
Nu kungsi rengat dina itungan saparapat abad
Naha urang geus tinemu jeung lalancip kahirupan
kuring ukur ngabayu sukma.
Boa, dina catetan rea carita nu dipulas ku mangsi beureum
Boa, urang duaan geus palastra saacan waktuna
Bandung, 28 Juni 2009
Potret Hiji Dayeuh
Dayeuh nu kungsi jadi potretKiwari rambisak ku kakeueung
Nu sumarambah kana bayah, kana tulang, kana daging,
kana napas nu ngahelas ti renghapan-karenghapan
Najan gidig dipirig dzikir
Keupat disampayan ayat
Tapi lengkah jumarigjeug meunggas harepan
Kuring ukur ngaraja meneng
Dina pikir nu can kungsi ka ukir
Nu nguniang tina saban renghapan
Pangberokan
-Dani-
Sihung-sihung waktu ranggeteng ngegelan implengan
Sajeungkal-sajeungkal kerepes umur diruang rumasa
Breh, raratan carita ngepung watangan tineung
Di dieu ukur simpe
Di dieu ukur peteng
Karisi teuing ku lantip ngukuntit usik
Harepan leupas ti renghap ka renghap napas
2007
Panaruban
Sesa hujan masih keneh juuh di sapanjang jalan
Lalaunan geter angin ngadalingdingkeun ruruhit jempling
Beungeut lembur bangun langgeng diharudum halimun
Sedeng heab katiga geus lawas kiwari kari beueusna
Di antara lewang jeung kasimpe nu tigin ngaranggeum waruga
Lalampahan beuki lampar neangan sesa umur nu maluguran
Ka mana deui nya kudu lunta lamun mangrewu
Jarum jeung ibun ngincer tina unggal juru waktu?
Di dieu taya nu bisa kabaca, taya lalakon nu bisa dipedar
Ngan kakaler bet laligar tina renghap kana lengkah sasar
Cahaya kayakinan tinggal kalangkang nu samar-samar
Nyidem raheut reujeung peurihna nu tacan kungsi kaubaran
Sanggeus tuturubun nyorang leuweung kakeueung
Geuning anggang kalah manjang taya geusan pangjugjugan
Boa langit ge rek saendeng-endeng kelirna hideung
Duh, kuring hayang reureuh, hayang reureuh sakedapan
Bari geugeut nyeuseup mangpirang waraning kembang
Kembang ajal nu ngarandakah puseuring sukma

0 komentar:
Posting Komentar
Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!