Ku Dhipa Galuh Purba
I
Tingalabring ngadu ginding seja milu kesting. Geus dibuka
kesting keur peran bupati, walikota, gubernur, malah presiden.
Saban production house keur meujeuhna ngabutuhkeun aktor atawa aktris
nu sanggup merankeun tangtungan pamingpin pilih tanding.
Menejer kesting ngahunang-ngahening bari ngahariring sanggeus rea
calon aktor nu mere motor, sanggeus pesak merekis pamahanan calon aktris.
Geus ngabarak beungeut-beungeut calon nu isuk jaganing geto
bakal merankeun bupati, walikota, gubernur, malah presiden.
Beungeut-beungeut seja diajen. Geus tradisi nu ngabeusi yen pangaweruh ekting
lain perkara nu penting. Lantaran nu lalajo teu butuheun kamampuh ekting.
Nu lalajo hanaang ku nu kasep jeung geulis tur seksi, nu betah ditaranjangan
ku mata panon.
Nu lalajo butuh hiburan keur ngabeberah manah jeung nyengker amarah
lantaran motahna rega BBM, mahalna sakola, jeung mahalna digawe. Nu lalajo
ngancik di nagri sing sarwa awis kajaba ajen diri.
Kumaha peserta kesting nu angkaribung barang-jingjing?
His, puguh we kudu kasaring najan rada teu eling atawa langlang-lingling.
Nu penting kudu hobi curaling. Haling, haling... peserta kesting nu cadu
pulang-paling!
II
Calon aktor jeung aktris ti saban production house geus tatahar midang. Naskah
skenario geus apal cangkem. Gesat-gesut panata mik-ap, kostum, artistik, lampu,
jeung salian ti eta.
Kameramen ngeker sakolebat potret kahirupan sandiwara nu bakal jadi realita, atawa
realita nu bakal jadi sandiwara.
Sutradara geus ceuceuleuweungan, "Eksen! Kat! Goblooog! Sing baleg siah ekting
bupati teh! Piraku ekting walikota kitu patut! Begug atawa henteu merankeun gubernur?!
Teu pantes siah jadi presiden!" kitu diantara hahaokna sutradara. "Omat sing bisa
ngayakinkeun nu lalajo ngarah dipikaresep. Ajak ngimpi nu lalajo! Engke, mun geus
sukses medar ieu lalakon, urang nyieun deui carita anyar. Maraneh bakal dibere
peran jadi badog, bangsat, rampog, begal, koruptor, atawa naon bae
sakahayang maraneh!" pokna deui sutradara.
Calon aktor jeung aktris arunggeuk unggut-unggutan, aya oge nu bari lelenggutan.
"Siap jadi pamaen profesional! Merankeun bupati jadi, merankeun walikota okay,
merankeun gubernur hayu, merankeun presiden enteng! Komo deui merankeun badog, rampog, begal, atawa koruptor!" saur manuk sakur calon aktor jeung aktris nu siap
ekting.
Sabot Tepung
sanggeus sakabehna kedal
jadi arak nu mudal tina gelasna
nu tinggal saukur botol nu harapa dina dada
musik nu milu ngusikkeun kasono urang
teu kungsi nepungkeun
naon nu keur dipimelang
ukur simpe nu demit
seseleket dina kesetan biola
lir wawakil hiji sora
nu leungit tina wirahma
Kasuwung
manehna terus miharep aya nu ngaliwat
tur nyimpangkeun imutna. Padahal cikeneh teh pamit
tapi, ke lanan, pokna terus melong deui umpalan halimun
nu bedah tina saban juru taun. Taya sasaha. Malah angin
nu sok nyalingker dina sesela pager, pan angger taya jirimna
bari nahan kahanjelu sanggeus saban peuting nyaring
manehna terus mulang kana urat panon kuring
ayeuna nya kuring nu panasaran, mindeng nyebutkeun ke lanan
bari nenjokeun kasuwung nu geus neureuy sakur jalan
Sora
pasemon nu ngaboehrarang melong kakosong
di satukangeun tulang iga. Jangjang simpe ngeleper
kakubeng guruwung dada. Aya rasa nu ngeprulkeun karahana
aya manuk ngelak ti hiji munara sora. Walungan-walungan anyar
mubus kana lipetan waktu sabot sakabeh seahna
ngelun jadi saab nu kulawu
di darmaga pangimpungan sakur kalangkang
mangrebu lagu nu kungsi kahariringkeun
ukur jadi sapada nu kabaca dina urat angin tineung
peuting ngalambak gumulung, nyeblokkeun teuteupan anjeun
kana patelakna sora nu nolak jeung ngabaeukeun
Blame It On The Moon: Katie Melua
kebul dina ukiran
geus jadi bagian tina panto
tempat kuring lar sup ka ieu rohangan
jarum jam geus lila ngarandeg
dina angka nu geus teu boga harti nanaon
memang taya nu salah
tina cuaca nu saban poe robah
kota tempat jalma-jalma nyacapkeun kapanasaran
ukur bagian tina wayah, tempat rasa balabuh
samemeh dijurung incah ku rasa bosen
tapi di dieu, satemenna ukur kuring sorangan
jeung buku-buku nu ambacak
sapanjang hujan jeung cangrana bulan
nu mawa mongkleng
tina kalimah-kalimah kandeg
nu mawa caang dina puisi nu mere jalan
pikeun sakur detik nu nyimpang sakedapan
Sajak Sunda : bagian 3
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar
Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!