Carpon Sunda (Salasa Sore)

Carpon Sunda (Salasa Sore)


Salasa Soréa


KU : Endah Dinda Jenura

Blak panto muka, hiuk angin ti luar, lindeuk.
Nangtung kieu hareupeunana, asa teu puguh cabak. Soré ieu manéhna maké kaméja hideung tangan pondok, jeans biru, jeung sendal kulit. Cool, komo bari nyarandé kana tihang modél kitu, culang-cileung nempoan tangkal jambu nu keur kembangan. Beuki jangkung katempona. Igal téh gagah.
“Indit ayeuna?”
“Geus siap?”
“Hayu.”
Angger. Manéhna mah nanaon téh sok dianggerkeun, dibakukeun. Omongan-omongan, acara, tempat, jeung poé nu sarua. Jadi rutinitas nu lila-lila mah milu apal tur kacangkem. Jumaah soré ka warnét. Malem Kemis ka rental VCD tuluy balanja sakahayang. Tanggal tilu ka salon. Senén soré nomat. Jam salapan peuting lalajo MTV. Salasa jadwal mabok. Poé-poé séjénna teu bisa didatangan, embung nepungan. Cenah mah keur maca buku atawa ngalamun. Unggal rék indit pasti nanya: Indit ayeuna?
“Hujan moal nya?”
“Moal.”
“Tapi langit di kulon mah poék.”
Urang mah hayang huhujanan, kitu pasti tuluyna. Bari culang-cileung siga biasa, mukakeun jandela mobil, namprakkeun leungeunna ka luar siga nu baramaén. Tara katempo solat, tapi lamun poé hujan manéhna husu naker tanggah, ngadunga cenah, kunyam-kunyem maké basa Sunda, bulak-balik. Pokna: hujan sing gedé, hujan sing gedé. Siga budak.
“Urang mah hayang huhujanan.”
“Engké lamun geus usum.”
“Lila kénéh, nya?”
“Kateuing. Tungguan wé atuh. Da engké gé kabagéan.”
“Naha nya, urang resep hujan?”
“Kudu aya jawaban jeung alesan kitu?”
“He-eh. Kapan manéh mah biasana logis.”
Mobil maju ka kulonkeun. Muru hujan.
Urang biasana logis? Bull. Ceuk saha? Ceuk maneh anu teu logis?
“Tip sadakeun ulah, Gal?”
“Hayang ngobrol teu?”
“Hayang nyanyi urang mah.”
“Teu kudu nyetél tip atuh ari ngan hayang nyanyi mah. Ngong wé ka dinyah.”
“Nyanyi naon, nya?”
Baju anyar nu dipakéna téh, baju nu dibeuli minggu kamari. Lucu, nambah nyari. Keur mah awak sampayan, katambah bisa milih. Séxy casual. Tapi kétang mun dipaké ku manéhna mah, baju kumaha-kumaha gé pantes waé. Geulis tapi anéh. Siga anggun tapi rusuh. Matana tara daék cicing, biwir tatanya curuk tutunjuk siga budak, teu bosen-bosen. Sagala ébréh, tara disumputkeun. Kay, ongkoh rék nyanyi? Teu jadi? My fuckin stupid lil moran. Hanjakal…
“Igal, ari ieu jalan naon?”
“Ieu teh namina jalan Békamin.”
“Naha butut?”
Well. Nasib, meureun.”
Euweuh layung. Manéhna resep nempo layung. Norak, cenah, tapi matak betah. Urang mah resep keneh nempo manéhna nyetir. Asa lalaki pisan. Sabaraha ratus kali indit bareng, can kungsi ngalaman ditilang sakali-kali acan. Hébat manéhna mah,menguasai interior éksterior bari teu katempo riweuh. Békamin, cenah. Éh, Igal, ari tukang saté nu bieu kaliwatan ngeunah teu? Manéh pernah teu dahar di dinya? Seungitna kejam. Hayang. Tapi saté mah seungit waé kétang, masing teu ngeunah gé. Naha nya?
“Kay, jandélana tutupkeun, tiris.”
Angsrod. Angsrod. “Kira-kira urang asup angin moal, Gal?”
“Moal.”
“Urang mah embung asup angin.”
“Entong atuh. Rék dijampé heula?”
Naon dijampé. Hayang disun. Tapi babaturan jeung babaturan mah tara silih sun, nya, Gal? Iwal ti di Paris, contona. Hayang ka Paris ih, sapoé wé. Urang silih sun sing sebeuh, terus balik deui. Daék teu? Igal. Igal. Igal. Dina lambar-lambar tukang diaryurang, loba pisan ngaran manéh. Ditulis dialus-alus. Igal. Igal. Igal. I love you. “Urang bogoh ka Si Lug, da.”
Geus kadinya deui.
“Ceuk manéh Si Lug bogoheun ka urang?”
“Bogoh.”
“Keur naon nya manéhna? Sigana mah sarua keur jalan-jalan kieu. Tapi sorangan manéhna mah. Meureun keur dahar. Nyaho teu, Gal? Lug beuki pisan bubur.”
Emang gue pikirin.
Manéhna mah beuki pisan nasi goréng. Sing loba tomat jeung bonténgna, nya? Tong lada. Manéh ogé resep pisan ganti baju. Dina kantong aya waé kaos ganti. Bau Molto.“Ari manéh bau kélék?”
Lampu beureum heula di parapatan. Héjo deui. Biasa wé kitu.
”Ituh, seuri manéh mah!” Nanaonan ngadon nyakakak nepi ka ngarungkupan setir sagala. Manéh bau kelek teu, sih? Gal? Ieu pertanyaan serius, yeuh! Cikan ngangseuan. Ah, teu wani kétang. Manéh mah pasti bau Molto, nya? Baé rada iklan. Sakapeung mun urang keur nyeuseuh sok inget manéh. Bau Igal. Molto bau Igal. Iklan. Tong seuri waé, atuh. Mun seuri manéh téh sok kasép teuing. Mun manéh keur kasép teuing urang teu bisa ningali. Sok kasima.
“Coba nanyana nu lain.”
“Ah, jawab heula nu bieu! Manéh bau kélék teu?”
“Sakapeung bau, mun geus lila teu mandi.”
“Lila téh sabaraha poé?”
“Tilu poé.”
“Oh. Standar, nya?”
Mikiran naon tadi teh nepi ka nanya kitu? Sok anéh-anéh manéhna mah, asal bitu. Kay, cik éta diuk teh tong ngaringkuk kitu atuh, sok hayang ngaréngkolan.
“Gal.”
“Naon?”
“Bulan hareup urang ulang taun. Tilu puluh.”
“Enya. Hayang naon?”
“Hayang naon, nya?”
Hayang ngora deui. Hayang saumur jeung manéh. Hayang umur dua puluh opat taun deui. Hayang lamun seuri, dina mata urang euweuh keredat-keredut, hayang lamun manéh leumpang jauh, urang bisa nuturkeun kénéh. Hayang … loba pisan. Tapi pangpangna mah hayang kieu wé, duaan jeung manéh. Hadiahna hayang manéh.
“Hayang cincin.”
Basa mimiti wawuh manéhna dipangmeulikeun boneka pas ulang taun téh, tapi teu resepeun. Hayang méteran urang mah, cenah, panasaran ngajangkungan kénéh teu. Kadua kalina ménta asbak, nyayagian sorangan mun keur udud di imahna. Taun kamari mah rada istiméwa, maké ulin duaan ka imah lanceukna, ngadon tunggu imah. Hayang baso wé, cenah, tapi sapiring duaan. Hég ditedunan. Ayeuna cenah hayang cincin. Ari éta nu buleud dina jarijina naon? Cincin, kan? Leuwih ti kitu, cincin kawin eta téh, Kay. Meureun di jerona aya aksara: Luki-Kakéyi. Lug-Kay. Taun Anu.
“Cincin nu kumaha?”
“Anu tina rotan téa geuning, Gal, nu coklat hideung.”
“Céték atuh.” Cincin kawin gé hayang méré urang mah.
“Daék teu mere nu kitu keur urang bulan hareup?”
“Hég. Naon deui?”
“Geus wé éta wungkul.”
Naha teu ménta nu leuwih mahal, leuwih gedé, leuwih loba jeung leuwih hésé, Kay? Cobaan urang. Tong nganggap sapélé ka urang teh. Boa leuwih ti kitu gé sanggup kénéh? Ari ka Si Lug, Si Bau Laut, ménta naon? Ménta nyelang balik heula? Balik heula moal manéhna?
Bageur pisan manéh ka urang, Gal.
“Heup di dieu!”
Di Jalan Trunojoyo, aya imah leutik pulas bodas. Di hareupna rajeg tangkal pines. Ngajajar opat tihang, sarua jangkungna, siga patlot gambar anyar dina bungkusna. Mun angin ka kaler, léok ka kalér. Pucukna. Mobil eureun di dinya.
“Imah saha, Kay?”
“Teuing. Imah batur.”
“Naha atuh bet eureun di dieu?”
“Urang rek ngomong.”
“Naha kudu maké eureun heula?”
“Kapan ngarah konséntrasi.”
Manéh rék ngomong bogoh ka urang, nya, Kay? Atawa rék nagih omongan éta ti urang? Urang mah… Kumaha nya. Hésé ngomongna.
“Urang sigana bogoh ka manéh.”
Sigana?
“Terus?”
“Tapi naha ulah?”
“Ulah ku saha?”
“Ku urang sorangan.”
“Ceuk saha ulah?”
“Ceuk manéh meunang teu?”
Tong nanya ka urang, Kay, da urang mah lain jelema logis. Dina hal ieu mah urang teu bisa logis. Logika mana nu bisa dipaké ku urang, lamun unggal poé hayang balik téh ka imah manéh? Naha urang bisa logis lamun dina sirah téh nu kabayang ngan merekpek neunggeulan beungeut Si Lug salaki manéh? Urang hayang ngurus manéh, Kay, hayang saré dahar hudang ulin satuluyna jeung manéh, lain purah nganganteur wungkul, tepung ukur jamjaman bari dibatesan ku kasopanan nu matak aral. Manéh bogoh ka urang? Kahayang mah meunang. Wenang. Pék téh teuing, bogoh mah bebas, kari ngodok. Urang ge bogoh ka manéh. Tapi…
“Teu meunang, Kay.”
“Tuh pan teu meunang!”
Salah start kitu? Kuduna mah manéhna nu ngamimitian, lin? Naha bet teu meunang bogoh ka manéhna cenah? Pedah urang geus kawin? Pédah kolot teuing? Naha teu meunang? Padahal atra pisan manéhna nu mimiti bogoh ka urang. Igal, geuning manéh sok ningali waé? Geuning bageur manéh mah teu prah jeung batur? Manéh bogoh ka urang oge, nya? Karasa, da. Tong ngabohong. Katingali. Ceuli manéh beureum. Urang gé pasti katingali éra, da pipi asa panas. Hihihi.
“Teu kabeh kudu diomongkeun, ceuk urang mah.” Komo mun nu euweuh pangaruhna kana nanaon. “Termasuk éta.”
“Kétang, éta mah perasaan urang wungkul. Ngomong mah meunang, lin?”
“Meunang.”
Silly, isn’t it? Ngomong meunang bogoh meunang tapi ngomong bogoh teu meunang.”
Urang bogoh ka maneh, Kay.
Anteurkeun urang balik.
“Teruskeun ieu téh? Maju deui?”
“Terus wéh. Tapi urang cobaan acara nu lain yu? Hayang susu murni teu?’
“Manéh hayang?”
“Urang mah hayang saté nu tadi kaliwatan.”
“Masih kénéh bogoh ka urang?”
“Kapan teu meunang.”
Sora adan teu kompak. Masjid jeung speaker loba teuing. Nu ti peuting kénéh ngetik taktakna geus karasa panas.
Urang keur naon, sih?
                                                                **
*

Description: Carpon Sunda (Salasa Sore) Rating: 4.5 Reviewer: ridwan ItemReviewed: Carpon Sunda (Salasa Sore)
Al
AhliWebs Updated at: 20.49

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!