Dina Beus Kota
KU : Ananta G
MANGSA panon poé manceran, terminal téh bangun nu cadu simpé. Tukang bacang, tukang kiripik, préman, patugas LLAJ, jeung pengamén ngawarnaan terminal ku pulas-pulas nu sakapeung béngras, sakapeung parias. Kumaha kahayang haténa sewang-sewangan. Bima jeung Rida, siga sasari, mulas terminal ku warna bengras.
“Jajap, Kang?” lalaki gondrong nu mawa biola nanya ka Bima, bangun nu ajrih pisan.
“Muhun, mangga…” ceuk Bima bari ngajak imut. Imutna nyidem sima, janggot jeung kumisna nambahan sebér nu nénjo. Duanana gagancangan leumpang, muru beus kota nu ngabérés ngadago panumpang.
“Hayu, Kang, nu ieu mah kosong…” cék Rida bari ngenyang leungeun Bima. Duanana terus naék kana beus kota. Di jero beus téh can pinuh ku panumpang, korsina gé lalowong kénéh. Rida milih korsi kadua ti tukang.
“Supados gampil turunna.” pokna ka Bima.
Bima ngarénghap, awakna ngoprot késang. Hareudang. Bayeungyang. Rénghap gé asa kapegeg. Ngulikbek ku haseup roko ti bangku hareup, katebak angin ka tukangkeun. Geus dédéhéman gé, nu udud téh kalah anteng teu maliré, haré-haré waé.
“Nu kieu nu ngaruksak alam dunya téh. Teu apaleun kitu, yen lapisan ozon geus jiga lapis legit nu méhméhan béak digorogotan sireum. Beuki ngipisan, samalah réa anu geus karohok. Teu nyaho sugan, yén ayeuna mah geus aya Perda nu ngalarang ngaroko di tempat umum. Bisa-bisa dikurung atawa didengda saratus juta, majar bisa sangeunahna,” cék Bima, jero haténa.
“Pa, punten rokona,” Bima nepak taktak jalma di hareupeunana. Surtieun ogé bangunna nu ditepak téh, sok sanajan semu ngadelék. Ududna dipuragkeun, laju ditincak.
“Padahal mah keun wé, Kang,” Rida semu ngaharéwos ka lalaki nu jadi pangreureuhan rasana, rénghapna karasa haneut ngusapan ceuli Bima.
“Lah, tuman,” Bima ngarahuh, sarua deuih semu ngaharewos. Rida nyekel pageuh pigeulangna.
Teu lila jol budak umur satepak. Manéhna ngahaleuang Lagu Iwan Fals campuh jeung sora kenalpot mobil:
Ribuan pulo
Jarak yang kau tempuh
Walau tlapak kaki
Penuh darah
Penuh nanah ;
Teu nyurup-nyurup acan sorana kana ukulélé, teu nincak kana wirahma deuih, sora ka kulon, musikna ka wétan, kurangna gé lain satengah oktap deui, aya kana dua oktapna mah silungna téh. Ketir, teuteupana molongpong bangun nu ngalindur, can ngumpul pangacian. Rumpakana ogé salah deuih, lain ribuan kilo, kalah ribuan pulo. Budak téh leumpang mapayan bangku panumpang, bari ngéncléng, sakapeung leumpangna méh-méhan rék labuh sabab beus kota geus ngageuleuyeung ninggalkeun terminal. Nu méré téh ukur hiji dua, aya nu méré sarébu, lima ratus, nepi ka saratus perak. Bapa-bapa nu di juru ngaléhék waé najan budak pepermisian ogé. Teu lila budak téh nyampeurkeun ka bangku nu didiukan Bima jeung Rida, bari ngéncléng. Sorot panonna atra pinuh ku harepan.
“Aduh… aya récéh teu, Kang?” cék Rida bari ngoréhan lokétna. Bima ngarénghap jero. Gap kana saku tukang calanana, dicokot duit lima rebuan, laju diasongkeun ka nu ngéncléng. Budak téh katangén beuki marahmay.
“Makasih, Pa?” cék budak bangun atoheun. Bima imut, embun-embunan budak téh laju diusapan. Budakna mah ukur neuteup jero, meureun dina pikirna. “Lamun ieu bapa kuring.”
Geus kitu mah budak téh tuluy ngaleos.
“Tahan, Pir! Kadé Jang, suku kenca heula!” sora kenék bari ngetrokan panto beus ku duit récéh.
“Terus!”
Beus ngageuleuyeung deui dina gigi hiji, ngeteyep néang panumpang. Padahal di jero téh geus hésé hitut-hitut acan, pasesedek.
“Bet kedah récéh, kitu?” cék Bima semu nu keuheul. Teuteupna lempeng, teu dilieuk-lieuk acan Rida téh, ukur ngarérét sakolébatan.
“Enya, maap…” Rida seuri maur. Bari rada ogo léléndéan lebah taktak Bima. Leungeunna teu dilesotkeun tina pigeulang Bima.
Lebah setopan kahiji, jol deui nu baramaén. Duaan. Nu hiji dituyun. Katémbongna mah teu bisa ningal, da maké kacamata hideung. Jiga juru pantun.
“Gusti, sing ditebihkeun,” tina bangku tilu peuntaseun Rida jeung Bima aya nu ngaharéwos.
“Lain ngaharéwos deui nu kitu mah, tapi ngadunga. Apan Pangéran Maha Uninga. Diijabah jigana du’ana téh, nu matak geuning réa nu ngajauhan ka jalma anu teu guyub jeung batur mah, apan jalma anu modél kitu mah dipisahkeun tina masarakat nu lian,” Bima ngagerentes jero haté. Nu baramaén téh laju nyampeurkeun ka manéhna. Solodor duit sarebu, salambar.
“Ih…” Rida élékésékéng. Keur mah ngetémna lila. Turug-turug mobil téh ukur ngeteyep dina gigi hiji jeung gigi dua. Panumpang mah geus gegerendengan ti tadi gé.
“Sabar atuh, bageur! Da keur nyiar kipayah batur gé,”
Lebah setopan nu kadua datang deui tukang asongan, ngasongkeun koran isuk nu can kajual.
“Baca, baca! Baca, baca! Seorang pejabat tertangkap basah sedang pesta sabu-sabu. Baca, baca! Baca, baca! Pejabat tinggi yang terjerat koruptor melarikan diri dari penjara. Sarébuan, sarébuan!”
Harita mah sakabéh panon (iwal nu ngaléhék di juru) mencrong ka tukang koran.
“Badé, Pa?” nu dagang téh nyampeurkeun Bima.
“Koran Bangbara, aya?”
“Oh aya, Pa!” kituna téh bari ngasongkeun koran Bangbara.
Kuduna mah dua rebuan koran téh, sabab waktuna geus liwat, turun harga jadi sarébuan.
Koran téh dibukaan, dibacaan beritana hiji-hji, bangun nu gemet.
“Asa can kungsi warta nu aya dina media matak ngabungahkeun. Di jerona ukur pasualan-pasualan nu jiga éta-éta kénéh.” Bima ngarahuh bari ngalieuk. Nu dilieukna ukur imut.
“Néng, sajak Akang dimuat!” Sora bass Bima ngageureuwahkeun Rida, bungah pisan nalika dina rubrik sastra ngamuat karya manéhna.
“Wah, cobi ningal Kang!” Rida cengkat tina taktak Bima, kop koran téh dicokot ku Rida, laju dibaca.
Sajak Bima Gandara
Surat keur Ambu
Sakujuring awak baraal
najan hujan silet ngahinis sukma
gurat nasib atra lebah dongéng-dongéng ema
sedeng pahatu nyulam hurip ku rénghapna
sorangan
geus bari, barina gé
lir koran soré, tilamna saré
Kedap Sora, Juni 2005
Rida ngarénghap jero sarengsena maca sajak.
“Wilujeng nya, Kang!” ayeuna mah manéhna imut deui. Bangun nu bagja pisan. Manéhna neuteup anteb ka anu karek dua minggu jadi salakina. “Teu salah kuring milih anjeun, sarébu hiji jalma kawas anjeun téh. Basajan, jembar panalar, asak jeujeuhan, jeung teu api lain ningali sabudeureunana,” Rida ngagalindeng jero haté. Leungeunna beuki pageuh nyekel pigeulang Bima, bari diusapan. Manéhna tuluy léléndéan deui, nuluykeun implengan éndah jeung Bima ka hareupna.
Cekiit… Sora rém beus matak linu kana huntu. Beus téh tuluy eureun, bangun rék naékkeun panumpang.
“Kalebet Bu, kosong kénéh.” cék kénék bari satengah nyurungkeun.
“Kosong naon!” Ibu-ibu téh semu kukulutus. Dina leungeun katuhuna mawa kérésék balanjaan.
Ibu-ibu nu nangtung téh rurat-rérét ka Bima. Teu puguh cicing. Bima males ngarérét, tapi ngan semet cangkengna. Wanoja di gigireunana mah pageuh nyekel pigeulangna. Pipina nyarandé lebah taktakna, bangun nu geus tibra. Saheulaanan beus téh majuna sauted-sauted kénéh alatan macét. Bima ngeureuceumkeun panonna, pipina gé diantelkeun kana rambut Rida, reup kasarean.
“Siap, siap! Yang terminal persiapan!”
Koréjat Bima jeung Rida hudang. Bima luak lieuk. Ibu-ibu nu tadi nangtung gigireunana teu kasampak deui. Bima ngarénghap jero naker, bari ngusapan dadana.
“Ku naon, Kang? Aya copét?” Rida kerung awahing panasaran.
“Mmm… Henteu, teu kunanaon…”
**
*
*
0 komentar:
Posting Komentar
Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!