Carpon Sunda BiSi

Carpon Sunda BiSi


Bisi

KU : Holisoh ME

Carangka geus kosong, kari arit we jeung timbel sesa. Dibawa soteh lebar, sanguna deuk diparabkeun ka hayam.
“Saha tateh di pipir?” sora Ema ti dapur.
“Uing, Ma!” tembal teh bari kop kana arit. Pek diselapkeun dina bilik luar, parantina. Bungkus timbel ,ah dibawa ka   buruan hareup.
“Kabehkeun we parab teh, Sujang! Karunya domba teh lalapareun!” ceuk Ema bari ngelol ti lawang dapur.
“Enggeus!” tembal teh ngingkig ka hareup. Hayam inguan keur ngaroreh pepelakan. Baku ari geus kokoreh teh. Mana meujeuh Si Apa sok ngamuk ge, pepelakanana diacak-acak. Ari di kandangan wae karunya ingon ingon teh.
Nempo ringkang kuring, hayam ngabreng nyalampeurkeun. Wurrrr, sesa timbel teh diawurkeun. Mani recok, parebut. Kuring cingogo, gep kana hayam sasapihan, huluna diusapan. Kasep hayam teh! Buluna herang. Komo meureun mun tara kokoreh dina taneuh mah. Hayam teterejelan hayang leupas.
“Sujang! Tadi bapa maneh talatah, pangmawakeun bubu cenah deuk di taheunkeun!”ceuk Ema bari noel taktak.
“Ngecrik,Ma S^i Apa teh?” kuring malik, hayam sasapihan dileupaskeun deui.
“Enya, sugan aya hurang cenah!” tembal Ema ngingkig ka hareup.
“Ka mana, Ma?” tanya teh.
“Deuk meuli heula samara, keur mais udang. Deuk sakalian menta daunna ka Nyi Momoh. Kade deuih, Sujang, pangnempokeun hawu!” ceuk Ema, terus ngingkig.
Kuring ngaleos ka dapur. Leuh, enya we seuneu teh meh pareum. Geuwat ditambahan deui suluhna bari dibebener ulah sina patumpang  tindih.
Kepoh, kepoh ditiupan make songsong. Ukur dua kali niup ge ngagear da puguh regang awi gararing. Mani ngabebela hurungna. Cai dina seeng nyengsreng deui. Selengseng, seungit tarasi. Mani melenghir. Panon hideng nempo tarang hawu, hih, paingan atuh aya tarasi sagede indung suku geus ineh ga ring da mani karoneng. Beuteung ngerebek. Hih, na bet lapar deui? Ret kana dulang, ning dieusi sangu haneut. Pantesna mah meunang ngakeul da geus dibuleudkeun luhurna. Leungeun hideng ngarongkong piring seng tina boboko gigireun hawu. Kerewuk, nyiuk sangu sacukil metung. Tarasi tina luhur hawu dicokot, bari rada ditiupan pek disemplekeun saeutik, terus dipurulukeun kana luhur sangu.
Kutap ketap. Geus digalokeun sangu jeung tarasi, belewek weh dahar. Nimaaaat naker. Sapiring metung teh ukur sakoteap, geus ledis. Eureuleu teurab.
Karek ge ragamang kana emuk paranti nginum Si Apa, kadenge sora Ema di luar.
“Sujang! Sujang! Tacan indit?” tanyana. Meureun nempo panto dapur molongo.
“Tacan, Ma!” tembal the, gancang ngaleguk nginum.
“Heueuh henjung ayeuna mah! Da kami geus datang. Dahar mah engke we balik nganteurkeun bubu!” ceuk Ema kalac t unggah. Sorangan nyerengeh. Ema ngareret kana piring urut dahar.
“Geus dahar deui wae?”
“Teu kuat ku lapar, Ma!” tembal teh bari jung nangtung, nyokot bubu nu digantungkeun tukangeun panto dapur.
“Ari maneh, Sujang, dahar jeung naon, mais hurangna ge karek endeuk.” ceuk Ema..
“Jeung tarasi ge ngeunah, Ma!” tembal teh bari leos indit. Atoh dititah ka walungan mah, sabab di ditu aya tempat eundeuk-eundeukan. Dahanna ngaroyom kana beungeut cai. Kana ari deuk ngarojay teh tingarajleng tina dahan tangkal jambu batu. Ari nu bengal mah, ngajlengna teh tina dahan nu pangluhur-luhurna. Mana teu aneh, mun model Si Juned atawa Si Opang, remen cilaka teh. da kitu ngajlengna tara lumrah jeung batur. Pan basa bulan tukang mah Si Juned leungeunna potong, alatan keur gugulayunan kalepasan, ari ti beubeutna lain kana cai, tapi ka beulah kenca kana taneuh teuas. Atuh puguh digarotong ka bengkel tulang.
“Kade montong gugulayunan dina tangkal jambu, Sarjang!” Ema ngagorowok. Teu ieuh ditembalan, ngingkig we bari heheotan. Laguna lagu karesep, “Bajing Luncat”.
Datang ka sisi walungan Si Apa keur ngetrukkeun heurapna kana ember butut. Hurang mani raracleng. Mucekil geuning.
“Geus loba beubeunanganana Apa?” tanya teh bari ngareret kana ember, leuh geuning mani geus ampir saparapatna. Aya meureun dua paisaneun mah.
“Lumayan. Henjung geura bikeun ka indung maneh, Sujang! Dipais kituh! Sing loba surawungna! Apa deuk naheunkeun heula bubu ka beh girang,” ceuk si Apa, ngajingjing bubu ka kidulkeun. Da sok di beh dinya naragenkeun bubuna teh. Bangenan cenah. Ka bogo bogo cenah sok arasup.
Rada hanjelu dititah geura geura balik teh, da puguh hayang ulin heula. Tapi lamun teu ngagugu parentah Si Apa, tada teuing ngadatna. Si Apa tea atuh, ari geus aya kakeuheul atawa kateu panuju teh, maen jebrod maen siksa. Apan kungsi basa entas samen, kuring disampakkeun sapu nyere balik teh, pedah ulin heula jeung babaturan ka Paniisan. Ti dituna mah pakaulan pedah naek. Na da tas sukan-sukan teh, ari datang ka imah ngagaralang dijebrodan. Kalakuan bapa kuring tah! Mana kapok.
*
BADA asar nu nyalampeur ka tajug, geus ngabring. Marawa sarung, aya nu dilaeulitkeun kana beuheung, aya nu dibeulitkeun kana beuteung, kawas nyoren bedog laloba momones.
“Uing mah moal mawa oncor, 0pang!” ceuk kuring, ret ka Opang nu keur memener sumbu oncor.
“Lah, bae teu mawa oncor ge, Sarjang! Nu penting mah engke balik ngaji, leumpang kacaangan!” tembalna.
“Henam atuh! Sakeudeung deui ge magrib! Urang pupujian heula anggursi!” ceuk Karim.
“Hayu! Tapi sampeur heula Si Toto! Si Sta mah sok rada melid ari taya nu nyampeur teh!” ceuk kuring bari nutupkeun panto tepas. Sarung dibeulitkeun kana beuheung.
Nyaralse we laleumpang teh. Ongkoh langit katembongna bengras teu sieun diudag-udag hujan. Geuleuh mah da mun deuk ngaji atawa entas ngaji kahujanan! Leuh, mani paboro-boro ngarala daun cau. Nu saha we padu keplas! Pajar ceuk Si Juned mah, halal ngeplasan daun cau batur ge da darurat. Teuing enya teuing hanteu!
Di bale imahna, Si Toto keur nginghak we ceurik. Panonna mani geus carindul. Meureun tatadi ceurikna.
Rada rumegog deuk nyampeurkeun teh. Tapi nempo batur taya kakagok. Gek we kuring ge diuk na golodog, ngajengjreng jeung nu sejen.
“Ku noan,To?” tanya Opang daria.
“Disiksa! Digebugan ku bebekan awi! Tuh, tempo bitis uing, Pang.” omong Toto bari inghak inghakan. Sarerea ngareret kana bitis Toto. Enya we mani ngagaralang, bareureum satapak bebekan awi.
“Disiksa ku saha?” tanya teh daria. Da sakanyaho kuring mah indungna teh kacida bageurna. Mustahil mun nepi ka nyiksa kawas kitu teh.
“Bapa tere!” tembal Toto teugeug. Kuring ngarenghap. Opang, Juned jeung Karim ge sarua ngararenghap.
Geuning galak bapa terena teh! Padahal nempo keunteuyeungna mah, asa jajauheun kana tunggal-teunggeul. Teu bisa dibade nya ari pangadatan jelema.
“Remen diteunggeulan ku bapa tere , To?” tanya Karim bangun panasaran.
Si Toto jebleh deui bari ngahiung rada tarik. Asa kaseuit-seuit meureun.
“Maneh mah nanya teh kamana wae!” beuteung Si Karim disiku ku kuring “Geus lah, To! Keh, bisi dihanca deui ku bapa tere!” ceuk kuring, ngupahan. Si Toto repeh oeurikna, kari lehona we diingsreuk-ingsreuk.
“Rek ngaji moal?” ceuk si Opang bari jung nangtung, nyarande kana bilik tepas.
“Eudeuk!” tembalna leos ka jero imah. Teu kungsi lila geus ngurunyung deui  diharudurn sarung.
Toto leumpangna ti heula. Katempo rada jingkrung. Nyeri meureun urut disiksa. Asa watir nernpo kitu mah.
“Ku naon pangna disiksa, To?” tanya teh bari jongjon ngalengkah.
“Maok babangi nu keur dipoe di buruan Mang Suhaya. Da diajak ku Si Didi. Uing mah maokna ge ukur sarawu, komo ai Didi inah nepi ka metet saku baju saku calanana. Geuning ku indung bapana teu dicarekan, kalah digoreng babangina teh, didalahar. Na ari uing kalah disiksa?” omongna semu ambek. Biwir renya-renyu hayang seuri. Nya enya atuh ari maok mah digebugan. Dalah kuring ge ku bapa teges, salah saeutik sok disiksa. Komo ieu maok banda batur.
“Na make kudu ambek ari kitu pasualanana mah, To!” ceuk kuring daria. Manehna ngareret bari molotot.
“Nya heeh ambek, da nyeri dirangketan make bebekan awi teh!” tembalna teugeug.
“Nya saimbang we, To! Da ieu mah ngarangketna ge urusan puak-paok lain urusan embung dititah ka warung!” Karim mairan. “Bisi kabiasaan meureun, mana dirangket ge. Geus kabiasaan mah cilaka, ke geus gedena jadi jelema jahat!” ceuk kuring.
“Ah, moal da cita-cita uing mah jadi pagawe negri. Jararauh tina kajahatan!” tempas Toto. Kuring seuri.
“Geuning dina tipi, loba pagawe negri dibui alatan korupsi! Jahat korupsi teh, Kuya!” ceuk kuring bari ngadegungkeun sirahna lalaunan.
“Maenya korupsi jahat?” ceuk Opang
“Nya heueuh jahat, apanan korupsi ge sarua jeung maok! Ngan maokna korupsi mah ka nagara!” tempas teh. Rada pinter nyarita sual nu kitu mah, apanan osok lalajo berita televisi, di imah Ki Ulis.
“Geus lah gandeng, ngomong-ngomong wae nu kitu! Da uing mah moal jadi pagawe negri!” ceuk Juned rada nyeuneu. Heueuh deuk jadi pagawe negri kumaha, sakolana ge belet, bari remen teu naek.
“Haar, na ari nu korupsi teh pagawe negeri wae kitu, Sujang?” tanya Toto daria.
“Teuing atuh, uing mah teu apal! Taram-taram kana sual korupsi teh pedah we sok neropo gambar lalaki gendut make dasi disasaruakeun jeung beurit. Ning ari urang lalajo dina tipi Ki Ulis, memeh ngabewarakeun nu korupsi teh sok aya heula gambar kitu!”
“Heueuh nya!” meh bareng narembal.
Barang tepi ka tajug, sarerea saridengdang heula di  bale. Geus  biasa. Ke lamun rentang rentang katembong Ustad Rojak, karek paburisat ka jero bari pupujian, kawas nu heueuh.
“Ilaing kungsi digebugan ku Bapa, Sarjang?” tanya Toto ngareret ka kuring. Memeh nembal teh nyerengeh heula. Eta geus inget deui kana sual panggebug. Sakitu geus dibangbalerkeun kana pagawe negri, kana korupsi, hih, da balik deui balik deui kana paneunggeul.
“Uing mah leuwih parna digebuganana ge, To!” tembal teh Toto neuteup bangun teu percaya.
“Na bapa tere kitu Mang Uyu teh?” Toto malik nanya semu heran.
“Lain!  Bapa teges!”
“Naha atuh nyiksa teh kabina-bina teuing?” tanyana deui. Kuring ngarenghap. “Bareto keur uing kelas dua SD,  kungsi dibebes-bebeskeun kana leutak sawah. Terus digebugan ku iteuk hoe. Beak awak uing mah, To! Ngagaralang tonggong teh, badis we kuda sebra!” reg heula nyarita teh. Kacipta basa digebugan ku Si Apa. Mani les-lesan ampir kapaehan. Boa eta ge kapaehan, mana teu karasa peureusna teu karasa nyerina ge. Karasa teh enggeusna pareurih.
Pasualanana  teu jauh jeung pasualan Si Toto ayeuna. Ngan kuring mah harita teh pangangguran maok jagong di kebon Mang Hamdan. Deuk dibeuleum hareupeun saung jeung Su Ojat, kaburu kacerek manten ku Si Apa. Ti dinya kuring digusur ku Si Apa, kudu sanduk sanduk menta dihampura ka Mang Hamdan bari kudu mulangkeun jagong nu geus diala. Geus sanduk-sanduk, digusur deui ka buruan imah. Nya di buruan imah awak dihanca ku hoe. Mimitina mah kuring kokoceakan, mana pada ngadeugdeug, pada ngalalajoanan. Indung kuring ukur bisa ceurik.
Meunang sababaraha lila ngeunek-ngunek ka bapa teh. Asa diera-era. Asa diwiwirang. Kadar maok jagong! Bari jeung harita teh, sabada sasadu, jagongna ku Mang Hamdan diridokeun dibikeun ka kuring. Tapi keukeuh we bapa teh nyiksa.
Ayeuna geus kelas genep, karasa benerna pangwarah kolot teh. Mleureun lamun harita teu diwarah ku bapa, kuring bakal kangeunahan maokan banda batur. Mana sabada dilenyepan mah, nganuhunkeun kana pangwarah Bapa teh.
“Teu ceurik euy dirangketan ku hoe?” tanya Toto bari melong beungeut.
“Liwat ti nyeri, To! Hese deuk kaluar cimata ge! Ampir paeh meu reun ceuk nu bohong mah!” tembal teh. Toto ngahuleng. Sarua Juned, Opang, jeung Karim ge ngaharuleng.
“Padahal bapa teges tateh nya,Jang?” pok deui pok deui Toto nanya bangun teu percaya. Sirah unggeuk.
“Jadi uing teu kudu ngewa ka bapa tere?” tanya Toto deui.
“Ngawarah tateh, To! Meh urang jadi jelema bener. Teu kudu bapa teges teu kudu bapa tere, ari anak salah mah nya meureun wajib dibenerkeun!” ceuk kuring bari ngarenghap.
Toto, Juned, Opang jeung Karim ngaharuleng. Nempo nu ngaharuleng, pok kuring nyarita deui: “Karasana yen eta pangwarah teh di mana urang geus gede. Uing ge karek ngarasa yen eta teunggeul kanyaah teh ayeuna!”
“Naon bedana teunggeul kanyaah jeung teunggeul kaceuceub?” tanyana bari me long.
“Tong neangan pasualan anyar ka lieur lieur, To!  Ngan uing yakin bapa tere di dinya ngarangket teh bakat ku nyaah! Nyaah inggis jaga maneh bisi jadi jelema teu bener! Bisi jadi tukang maok. Bisi jadi beurit make dasi! Bisi jadi tukang korupsi!” ceuk kuring ngajentrekeun. Toto ukur olohok, teuing ngartieun teuing hanteu kana naon nu diomongkeun ku kuring bieu. Sabodo! Da Si  Eta mah sarua jeung Si  Juned di kelasna ge rada telmi. Si Opang jeung Si Karim maresem.**
*

Description: Carpon Sunda BiSi Rating: 4.5 Reviewer: ridwan ItemReviewed: Carpon Sunda BiSi
Al
AhliWebs Updated at: 20.35

1 komentar:

  1. Hahah sumuhun leres jang! Saurna ngadidik te kenging ku panengel! Tp ari niat sae mh te sawios, karaos ku abdi!

    BalasHapus

Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!