Carita Pondok Sunda

Carita Pondok Sunda


Bilatung


KU : Holisoh MÉ

TI isuk mula langit angkeub taya béngras-béngras. Padahal poé ieu téh geus jangji jeung dahuan, deuk ngalongok Nyi Uar orokan di imahna, da ku paraji. Geus aya opat poé ka tukangna, ngajuruna mah, ngan kakara ayeuna ngalongok téh, puguh hésé naker néangan hayam sasapihanana. Éta gé meunang sotéh, bané wé meunang ngurihit ti adi beuteung.
Mun seug teu jadi kumaha nya? Mangkaning sangu geus dibaskoman, ditumpangan bakakak hayam sasapihan jeung tahu témpé, jaba diémbohan deuih ku ladu sababaraha guruntul, keur ngopina. Da nu hudang ngajuru mah sok rampus kana amis amis. Piraku nya kudu bedo mah?
“Tacan datang waé nu nyampeur téh, Nyai?” ceuk Ema bari ngasupkeun paré meunang mangkékan ka goah.
“Teuing atuh, Ema! Ning poéna gé kalah kieu waé, reueuk. Sieun hujan wé uing mah!”
“Nya tibang walurat mah di jalanna, leuwih hadé montong indit, Nyai! Seug taya keur ngiuhan ka girang mah.” ceuk Ema daria.
Heueuh da enya, sapaparat jalan ukur kebon sampeu jeung kebon jagong. Aya gé imah ancal-ancalan, meureun saratus méter hiji mah anggangna gé.
Mun hayang ngiuhan téh kaburu rancucut mantén. Tapi kétah, lamun ka tonggoheun imah Nyi Uar mah, ramé, imah gé padédémpét da puguh perumahan. Moal walurat teuing meureun lamun kahujanan téh.
“Bakakak dikumahakeun, Ma, lamun Si Euceu teu nyampeur?” ceuk kuring bari melong ka luareun jandéla. Langit beuki poék, malah bangun geus girimis. Pasti moal nyampeur dahuan téh. Horéameun hujan kieu mah. Puguh satadina mah, mana jangjian isuk-isuk téh bisi soré hujan, ari pék ti isuk geus reueuk waé.
“Da geus kajudi, moal nyampeur, Nyai! Horéameun ku hujan. Nya bakakak mah da kuat sapoé sapeuting mah. Tapi bisi Nyai cangcaya mah pihapékeun wé atuh ka Néng Guru, pan bogaeun kulkas!” ceuk Ema bari ngajingjing kérésék dieusi suuk pesékaneun, ti goah.
Moal éra kitu pihapé?” kuring malik nanya.
“Moal! Na maké éra sagala? Komo Si Limah mah, ari danganganana teu érép téh sok dipihapékeun ka Néng Guru. Geuning tara nanaon!” témpas Ema bari nyokot cécémpéh ti kolong bangku. Burulu suuk nu dina kantong kérésék téh dibahékeun. Dipilihan keur pibiniheun. Tapis naker. Nu hadé keur binih diwadahan deui kana kérésék. Nu kencés diantep na cécémpéh.
“Ké atuh nya , Ma! Kuma cék si Euceu, jadi henteuna. Mun sidik teu jadi mah nya urang pihapékeun wé, éra-éra gé!” tacan gé tuus biwir nyarita, geus paralak-paralak hujan ngagedéan.
“Jaitan popoéan, Nyai! Seug geus rada taruus. Sampay-sampaykeun wé dina balé!” sora Ema mani ngéngkréng embung éléh ku paralakna hujan.
Kuring gesat-gesut ka buruan, jajait. Enya wé pakéan téh geus eumeul-eumeul, da ti kamari. Mana kaambeu rada bau.
Papakéan téh dibéngbréng-béngbréng na sasampayan nu ranteng di balé. Ngahaja salaki kuring nyieun sasampayan di dinya téh piparantieun ari hujan.
Ema nyampeurkeun. Gék diuk ngaréndéng. Panon neuteup buruan nu mimiti ngeuyeumbeu, da solokan mudal, caina bahé ka pakarangan kuring. Buruan sok jadi balong téh sabada aya perum, da baréto mah méméh aya perum di Girang di tonggoheun lembur Nyi Uar, tara nepi ka aya cai unggah ka buruan téh. Cai ti Girang tamplok ka lembur kuring.
Ari ceuk Ki Ulis mah, di perum nu sakitu legana téh, solokan-solokanana mengpet, da ditarutup maké beton. Eukeur mah solokanana hareureut, pék ditutup, nya meujeuh atuh cai téh mudal, tamplok ka hilir. Leuheung mun cai wungkul, da ieu mah jeung runtah-runtahna. Padahal runtah keur urang perum nah aya tukang miceunanana, kana roda. Dipiceunanana téh ka tungtung lembur Cijéngkol. Lahanna gé ngahaja meuli, husus keur miceun runtah. Tapi deuih sual runtah gé sok raraméan waé. Malahan kungsi kuring mah nyaksian urang lembur Cijéngkol ngayakeun démo di tempat pamiceunan runtah bari ditaregos nutupan irung, ngaharalangan tukang runtah nu deuk miceun ka dinya. Alesanana, runtah geus ngagunung, bauna geus nepi ka lembur Cijéngkol, jeung bilatungna gé nu sagedé-gedé cingir geus ngulayaban ka pilemburan.
Heueuh, pasti kana kituna mah! Urang Cijéngkol ukur kabagéan bauna jeung bilatungna. Dalah ka lembur kuring gé nu rada anggang,  ari anginna ngétan mah sok seselengsengan kaambeu. Komo ka lembur Cijéngkol, deukeut.
Sual runtah gé jadi ramé! Tangka pangurus désa daratang, milu mémérés.
Na da baréto mah tara aya pasualan nanaon. Tara aya panampungan runtah deuih! Aman wé. Lembur teu barau, teu barala, da puguh masing-masing imah baroga lombang. Runtah-runtah sayuran mah diwaradahan kana karung oréa, ké geus pinuh karungna, karék diarangkut ka kebon, dijieun pupuk. Mana aman.
Na teu bisa kitu urang perum nurutan urang lembur nu barelegug? Atawa sieun teu disebut modéren lamun nurutan urang kampung? Ah, na modéren mana, cara maranéhna jeung urang lembur dina ngokolakeun runtah?
“Hujan kalah neuki ngagedéan, Nyai! Ema mah melang wé ku Si Bapa.” Ceuk Ema daria.
“Sarua Nyai gé, Ma! Apan Aa gé milu ka sawah jeung Bapa. Seug taya keur ngiuhan. Da Ema nu kitu téa mah, geus aya ranggon kalah dibongkar.” ceuk kuring bari rada jamotrot. Keuheul ka Ema téh, sok sayong. Padahal ranggon téh perelu, sakaliaeun hujan atawa hayang reureuh, teu hésé. Éta pédah kaperego di ranggon téh aya Bi Kayah keur ngiuhan, da sawahna saampar, derrr timburu! Kolot-kolot! Murang-maring, ranggon nitah dirakrak ku Si Aa.
Ema teu némbal. Rumasa meureun salah. Kalah léos ka jero. Deuk naheur cai cenah, téko kosong.
Wanci lohor Bapa jeung Si Aa daratang. Patutur-tutur bari maranggul pacul. Ti mimiti dudukuy nepi ka pakéan jalibrug, jaba laledok ku taneuh beureum.
Jen, duanana narangtung deukeut golodo. Teu wani naék ka balé.
“Kabina-bina teuing gawé téh Aa! Matak naon, mun eureun heula ari hujan mah!” ceuk kuring teugeug. Asa teu téga tuda nempo bapa jeung salaki mani nepi ka noroktok kabulusan.
“Ku bapa diajak huhujanan, Nyai! Kagok paculeun saeutik deui. Hayang geura bérés. Anggursi sodorkeun anduk. Ieu kareunang!” ceuk bapa bari nyuplak dudukuy samakna. Sok ditunda na golodog.
Kuring ngaléos ka jero, nyokot anduk gedé, dua. Sok dibikeun ka bapa jeung salaki. Duanana ngaraléos ka pipir, deuk ka pancuran meureun, tukangeun dapur. Baé, da geus ngajalagrag sabun mah di cai gé.
“Datang Si Bapa, Nyai?” tanya Ema bari ngasur-ngasur seuneu. Sééng geus nyéngsréng. Tara lila puguh gé naheur cai di hawu mah.
“Enya. Caina geus asak, Ma?” ceuk kuring bari gék diuk na jojodog sidéang.
“Enggeus. Sodorkeun tékona, Nyai! Entéhan heula!”
Teu némbal, téko geuwat dieusian entéh dua comot. Saeutik gé entéh héjo mah sok patri.
Sup, bapa asup jalan dapur, disamping anduk.
“Pakéan kotorna ditunda di cai, Nyai!” omongna bari sup ka enggonna. Deuk salin meureun.
“Keun wé, paling gé isuk diseuseuh!” témbal téh. Ema nyicikeun cai tina téko. Selengseng, seungit entéh.  Geus neurak meureun.
“Sadiakeun cangkirna, Nyai! Jeung seupan cau bijilkeun!” ceuk Ema bari nyiuk cai tina gentong. Cur deui sééng téh dieusian.
Bapa geus sila hareupeun hawu, salaki kuring karék sup, disamping anduk.
“Meuli sabun seungit isuk mah nyai, Nyai! Geus ipis pisan!” Omongna bari ngaliwat. Teu ieuh ditémbalan. Deuk meuli sabun seungit ti mana duitna, apan ladang nangka gé béak ku manéhna kénéh, dibeulikeun bedog jeung doran pacul.
Ngariung di hawu téh bari sidéang. Haneut.
Ema nyodorkeun gula kawung kana piring séng. Atuh puguh ngeunah, cai entéh panas disuruput, diselang ku nyetrokan gula kawung, nararimat.
Kuring nurutan, nyokot emuk paranti salaki, cur dieusian cai entéh panas. Teu pinuh, ukur saparapatna. Ditiupan sakeudeung, karék diicip-icip. Celenun nyokot gula kawung nu meunang nyemplékeun, karék gé deuk am, kadéngé di hareup aya nu gégéroan.
“Aa! Aa!”
“Sora Si Usup, Aa!” ceuk kuring bari sok nunda gula kawung kana piring. Teu jadi deuk didahar téh.
Salaki cengkat. Léos ka hareup. Dituturkeun ku kuring.
“Ngareureuwas manéh mah, Usup! Aya naon?” tanya téh.
“Itu Si Hamid jeung Si Atang galungan. Taya nu misah, da puguh di sarawah kénéh!” omongna bari haruhah-haréhoh.
“Na atuh lain ku manéh dipisah!” ceuk salaki kuring kalem.
“Bisa misah kumaha, duanana keur narapsu. Uing misah gé kalah katonjok ku Si Hamid!” témbalna. Salaki ngahuleng. Bingung. Duanana babaturan keur SD.
“Kunaon maké garelut, Sup?” tanya téh panasaran, basa salaki geus turun ti golodog.
“Sual bilatung!” jawab Usup heureut bari ngingkig, dituturkeun ku salaki kuring.
Kuring ngahuleng. Na teu salah kitu bilatung dipaséakeun? Nepi ka gelut? Bilatung nanahaon? Bari nangkeup tihang panon ngawaskeun cileuncang. Hujan geus raat, kari pras-prisna, kari cileuncangna di buruan jeung leutak beureum.
“Mun Si Aa datang, wayahna kituh pangbagikeun girik keur béas raskin. Bapa deuk ka Si Ulis heula, deuk nyokot katépé si Koko, bisi kaburu ka dieu jelemana!” ceuk bapa bari nangtung tukangeun kuring.
“Ké, dibéjakeun!” témbal téh.
“Pangmeulikeun bako jeung daun kawungna ka warung Si Titi, Nyai! Duitna ménta ka indung nyanéh!” ceuk bapa bari ngaléos deui ka jero. Kuring teu némbal. Asa horéam turun ti imahna gé. Buruan bécék, jaba tiris.
Tapi teu burung wé indit, ngan pédah teu disendal. Sangheuk horéam ngumbahna, jeung deui sok babari pegat dipaké leumpang dina taneuh beureum mah. Nyepot.
Di warung Bi Siti geus nyampak Téh Nénih keur uplek wé ngobrol jeung nu boga warung.
“Nyaho. Apan salaki uing Étéh disusulan, sina misah. Tepi ka ayeuna gé tacan mulang!” témbal téh bari gék diuk na bangku hareupeun warung.
“Laiiin, ieu mah nyaho hanteu pasualanana?” tanyana embung éléh. Sirah gideug.
“Sual bilatung deui waé, Iyah ! Bi…la…tung!!” omongna diéjah nyebut bilatungna téh. Kuring jeung Bi Siti sareuri.
Geus bilatung deui waé. Na kunaon atuh bilatung téh, nepi ka ngagelutkeun jelema?
“Dasar aratah sasar!” Bi Siti mairan.
“Naha kitu?” panasaran kuring nanya.
“Yeuh, bisi hayang nyaho, Iyah!” ceuk Téh Nénih. Reg heula ngarandeg nyaritana téh, diselang neureuy comro nu saeutik deui. Kuring jeung Bi Siti jarempé. Ngan katempo Bi Siti kawas nu keuheul ka Téh Nénih téh. Tuda Bi Siti nu deuk ngadongéng, kalah dipegat ku manéhna.
“Ka imah Si Hamid téh rayap bilatung arasup. Teuing ngarébu atawa ngaratus mah, da uing mah teu nempo. Ngan cenah di dapur Si Hamid loba bilatung asalna ti dapur si Atang.” Reg heula Téh Nénih téh ngarandeg nyaritana. Kop kana ali agrem, belewek disamualkeun.
“Seug Si Hamid mah pangsieun-sieunna di alam dunya téh iwal ti ku bilatung! Pada nyaho meureun nya, saréréa gé kana kasieun Si Hamid mah. Da teu lumrah sieunna. Batur mah sieun téh ku maung, ku oray gibug, ieu mah ku bilatung!” ceuk Téh Nénih bari jeba-jebi.
“Lain, Étéh, terus kumaha tah sual bilatung téh?” tanya kuring panasaran.
“Tina tempat pamiceunan runtah, Iyah! Runtahna geus ngagunung, diduruk pamohalan da pacampur runtahna, antukna bilatung baranahan di dinya. Ceuk nu bohong mah sagedé-gedé cingir orok bilatungna gé. Garendut!” ceuk Téh Nénih bari bibirigidigan. Gilaeun meureun ngabayangkeun bilatung keur tingarutek.
Kuring gé ngabirigidig. Kumaha mun bilatung ngaranjah lembur kuring? Ning imah Si Hamid gé karanjah.
“Ku naon, Nyai?” tanya Bi Siti nempo kuring bibirigidigan.
“Sieun ngaranjah lembur uing wé bilatung téh, Bi!”
“Aya bahan lila-lila mah!” témpasna.
“Iyyy!” kuring ngabirigidig.
Balik ti warung téh panon tungkul ka handap, bisi nincak bilatung nu gedéna sacingir orok.
Geus teu aman lembur téh! Sugan teu aya perum téh bakal nambahan baraya nambahan dulur, ari pék ukur nambahan cileuncang jeung bilatung.**
*

Description: Carita Pondok Sunda Rating: 4.5 Reviewer: ridwan ItemReviewed: Carita Pondok Sunda
Al
AhliWebs Updated at: 20.37

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!