Carita Pondok Sunda Lagu Laas Nu terus Ngagendrung

Carita Pondok Sunda Lagu Laas Nu terus Ngagendrung


Lagu Laas Nu Terus Ngagendrung

KU : Ériyandi Budiman
Watir. Sumuhun. Pisan watirna ogé. Geura baé, anom kénéh tos kedah dipiwarang mulih. Jaba nuju seueur kasedih. Kalunta-lunta taya kendatna. Éta geura upami tos ngalungsar, laut dina socana sok bedah. Lambeyna bareulah. Ningal nu carinakdak kitu téh sok teu kiat. Teu kiat, Gusti. Jangjang ogé sok asa pites.
Beu! Aya naon deui tah Si Madu téh? Geus lawas tara ngiberan, ayeuna bet ngadadak ngirim SMS. Nélépon meureun peuting téh, ngan ku kuring Hp-na pan dipareuman. Matak, barang isuk-isuk dadasar Si Siemens beunang ngahilian jeung lagu ti Si Bos Asentiong téh, SMS Véra kakara kabuka. Geus apal ari soal kapakanna mah. Enya, salakina milih béntang nu lian. Kaharti kituna mah. Laki rabi geus sapuluh tahun bet hapa. Kangker rahim cenah mah. Geus lila deuih manéhna teu manggung. Tikorona beunang ku panyakit. Albumna nu katujuh kaluli-luli, cenah dideum heula deuih. Dina télévisi ogé geus lila manéhna absén. Dua bulan kamari adina nu ngiberan téh. Parna cenah. Utamana ku soal narkoba.
Pangaruh zaman. Hideungna Jakarta. Bongan sorangan atuh bet malah jadi dilandih ratu éktasi. Enya lain baé Si Zarimah. Sok sanajan Véra mah ngan ukur nu sakadar maké. Tapi ari loba teuing mah, teu burung meunang gelar ratu. Mimitina mémang basa keur kapakan. Cenah aya nu nawaran, lila-lila katagihan. Dalah antukna leuwih ti kamerekaan. Jalma modél Véra mémang sok jadi sasaran mafia nu kararitu mah. Duitna apan gugunungan. Matak uruy. Komo deui keur nu hayang gampangna. Apan réa baturna deuih, utama nu sok ngalawak, katelah dodolona tah kana narkoba téh.
Mémang katagihanana Véra téh teu kaberitakeun dina TV. Euweuh dinainfotainment. Kabunian ku minijerna nu pinter. Kitu deui Vérana, nu pinter nyalingker. Ongkoh deuih, lungguh timpuhna geus perbawa ti keur pentil kénéh mangsa ku kuring diasuh ngolah sora. Moal aya nu nyangka kitu ketakna. Ka kuring gé, ari nepungan unggal méré lagu anyar, manéhna sok nyumputkeun perkara nu hiji éta mah. Nyaho sotéh ti adina. Nyaho ti komunitasna deuih. Éraeun meureun. Sieun diambek ongkoh. Enya, sok sanajan unggal biwir unggal média nyebut ratu dangdut ka manéhna, da ka kuring mah manéhna dalah nyembah, sok sanajan lain kawas ka raja. Komo deui kawas ka Pangéran mah.Hormat. Hormat pisan manéhna mah.
Tapi soal diancam, kuring hémeng. Paingan atuh nomer HP-na anyar deui. Aya nu néror kitu? Maenya ku urut salakina mah? Soal raa kaya kitu? Ah, asa piraku. Apan sasatna dijodokeun ku kuring Véra jeung si éta téh. Apal rigelna. Jelema soléh. Kutu buku. Kabeukina jazz jeung blues, tapi nyandu deuih kana dangdut. Budak nu jegud deuih. Moal. Moal haripeut ku teureuyeun. Basa taun tukang tetelepék ogé, ngapung sotéh, cenah mémang pédah hayang boga turunan. Kituna mah lain kahayang manéhna manéhna teuing pisah téh. Éstu kaihlasan Véra. Dalah dijurung-jurung, cenah. Rumasa hapa alatan kangker. Jadi, moal mungkin manéhna nu disebut ngancam téh.
Saha atuh? Naon perkarana?
Hayang nélépon téh, ngan pulsana geus méh saat. Ngan kari duaeun ngirim SMS deui ieu ogé. Rék ka wartél rada jauh. Ma’lum saung nu dicicingan téh nenggang. Beurat léngkah. Jaba cikopi ngebul kénéh. Roko karak murudulkeun sekar saparapatna. Jeung deuih, buuk can nyaba ka tampian. Ah, ngirim balik waé.
Alhamdulillah. Keur teu nguliber geuning. Dalah keur nyumput di nu suni. Sigana nuju ngendog. Da kitu biasana gé mun keur ngieun lagu téh. Si Akang mah sok nyingkur. Enya, inget kénéh, studiona téh nenggang pisan. Liuh ku –tangkal tangkal jambu. Buruanana ku jukut Jepang. Hateupna eurih nutupan anyaman kiray. Sawaréhna deui ku baralak. Tihang-tihangna kalapa leunjeuran, ngajepat disédongan bata beureum buligir, némbok satengah jandéla beunang ngarancang manéhna. Nyeni lah. Ti tepas, bari nincak paratag, bakal nyampak Gunung Galunggung jeung ngablakna pasawahan, matak iuh kana haté jeung panempo. Kamerna dua tapi teu wawuh jeung tulak, da pantona ngan dihordéngan samping kebat. Aya mushola camperenik diamparan lampit. Ayeuna mah pasti geus dilistrikan. Baheula mah, apan ari latihan maca notasi téh cukup ku cempor nu teu weléh digedéan. Ngagedur. Masih inget, ari balik latihan vokal téh irung teu weléh kahideungan. Ledig. Kitu deui pipi. Sok asa asak ngadadak beungeut gé. Indung kuring bari ngusapan ku saputangan téh sok bari seuri. Mang Abud, supir treuk Apa nu sok nganteurkeun latihan bari mawa kalapa ka kota, sok milu nyingsatkeun biwirna, bari ngahéhéh.
Bageur Kang Dody mah. Pahlawan keur kuring mah. Manéhna pisan nu ngayakinkeun indung kuring, yén kuring harita, cenah bakal jadi béntang mun daék ngasahna.
“Bakatna tos katawis Ceuceu! Ti barang ngawitan tepang, basa tuang putra nyumbangkeun lagu di panggung kacamatan ogé, Akang tos kataji. Ieu yeuh nu di incer-incer téh. Pun bojo ogé sami katajina. Dalah anjeunna miwarang Akang sangkan nyuhunkeun Véra kanggo diasuh ku abdi. Janten, mugi Ceuceu ngawidian Véra janten murid abdi,” kitu asana pameredih Kang Dody ka indung kuring. Mani keukeuh. Cenah deuih, grup orkésna perlu biduan cilik keur nambah daya tarik.
Indung kuring kahatéan. Sigana asa manggih deui harepanana nu kungsi leupas. Kungsi anjeunna gé ngaharéwos, cenah baheula ogé hayang jadi biduan, da jago quro deuih. Hanjakal, pondok léngkah jeung sieun disupata kolot, cenah. Malum, Aki kuring téh mémang galak. Kukituna, Ibu jadi ngajurung kuring. Mantuan, najan bari susulumputan. Ngan Apa nu sok nyawad téh. Geus baé mending jadi guru, cenah. Pédah artis mah sok loba kabéjakeun goréng. Komo ka biduan dangdut harita. Nyasak asa nempo awéwé murahan. Gutak gitek neureuyan panon lalaki, bari adug lajer nyorakeun kanyeri tapi ngumbar borélakna babatang imbit. Matak kalan-kalan mun rék latihan téh sok api-api rék meuli baju ka kota, atawa naon baé kaperluan awéwé. Baheula ogé kétang, ari hayang lalajo orkés téh sok luncat tina jandéla kamer. Léah sotéh Apa mah meureun pédah kuring tetep sopan dina panggung.
Aya sifat liwar dina diri kuring téh. Aya baongna. Tapi da kitu na téh lain rék keur anu teu puguh. Ti keur leutik kénéh resep lalaguan téh. Resep nyanyi. Komo di kamer mandi mah. Bari disabun téh leungeun hiji deui mah nyenyepeng cocok, atawa siwur mun keur di dapur, hahaleuangan. Tamat SD ogé lagu-lagu Élya Khadam jeung Ummi Kultsum téh geus dihataman. Matak, basa tepung jeung Kang Dody téh, asa manggih jalan. Ti harita, sanggeus dilatih itu ieuna, teu sidikna unggal lembur geus kapapay, unggal panggung geus ditaékan. Atuh teu lila ogé anu nyuratan jeung hayang nganteurkeun teu sirikna ngantay. Nu geus rimbil ogé sok ngingintil. Komo deui nu karak balég tampélé.
“Resep lah ka Néng Véra mah heuteu cawokah dangdutna!” cék putra Pa Camat nu sok ngirim baé lauk. Naon deui nya sesebutanna téh? Ah, loba baé pokona pamuji téh. Teu eureun-eureun. Teu kireum-kireum. Kalan-kalan, ari malem minggu, mun keur teu manggung, tepas imah téh siga puskesmas.
Mangkat SMA aya baturna Kang Dody nu ngajak ka Jakarta. Cenah mah aya produser nu kataji ku sora kuring. Ti dinya, jalan jadi béntang pangung téh ngabulungbung. Komo deui da Kang Dody sasat nu sok méréan laguna. Saméméh ditawarkeun ka Itje Trésnwati, Fétty Véra, atawa Cucu Gahyati téh, sok ditawarkeun heula ka kuring. Keur penyanyi jeung produser mah, Kang Dody téh dinggap déwa nu loba nyalametkeun karis atawa bisnisna. Lagu-laguna soj jadihits.
Kuring terus jadi béntang. Suka bungah teu kawadahan. Tapi ayeuna, naha kuring bet kieu? Awak beuki ngorotan. Sora beuki peura baé. Aya nu sok nyeletit dina tikoro. Aya radang cenah cék dokter téh. Ieu deuih, awak sok paranas tiris kénéh, najan geus ngureunan narkoba. Enya da lain hayang-hayang teuing ka nu kararitu téh. Éstuning katipu baé. Kuring dicekok. Pangangguran mimitna mah, pédah harita keur tagiwur basa Si Aa kagoda parawan. Kabéngbat ku nu lian. Tapi, mémang rumasa, da rahim kuring apan diangkat. Antara mikeun jeung teu mikeun téh duanana pabeulit.
Hayang nyumput ayeuna téh. Reureuh heula. Éra ku nu ngondang tara ditedunan, sangkilang ti pulo séjén. Éra deuih ku produser album anyar kuring kadungsang-dungsang. Kuduna ayeuna téh tour ka mana-mana. Promosi. Jeung deuih asa beuki ngarasa teu aman di Jakarta téh. Geus sababaraha kali, ulon-ulon nu dikirim bandar narkoba nanawaran baé. Ngudag-ngudag baé. Kudu baé meulian barang manéhna. Dibéjaan geus reureuh maké ogé, angger ngulit badak. Dasar Mafia Malayu goblog! Kungsi dilaporkeun ka pulisi gé, bedus geuning saruana.
Nu matak muringkak sabulu-bulu mah, aya penggemar fanatik kuring, nu tadina muji-muji bet ngadadak ngancam. Teuing nyaho ti mana, teuing ti saha, manéhna apal kuring maké narkoba. Kecéwa berat, cenah. Kungsi néror kana télépon imah. Malah ngirim bangké hayam sagala. Beuki lila beuki pikasieuneun. Matak hayang geura tepung jeung guru kuring téh. Lain baé ngahadéan deui tikoro, da mémang manéhna ogé ahlina, tapi hayang curhat sagalana baé. Jeung deuih, meureun aman di ditu mah. Sugan.
***
Sumuhun. Asa teu purun. Pisan teu purunna ogé. Sumpah, tah. Sumuhun, rada teu téga ngabantun nyawa anjeunna ti alam dunya téh. Sanaos éta ogé ayeuna nuju katalangsara, sumanget hirupna teu weléh katinggal ngempur. Sarengna deuih, ti nuju alitna ogé tos matak kataji. Rokid sareng Atid ogé sok cacarios. Éta murangkalih téh rajin ngaos tara elat solat, kantenan saum wajib kitu deui sareng sunatna. Ka ibu ramana saé. Ka wargina kantenan. Kitu ka tatanggi sareng sobat-sobatna éstu langki cawadeun. Béréhan deuih. Wakafna kanggo masjid sareng sajabina mangrupi-rupi kasaéan dilakonan ku anjeunna kalayan ikhlas. Dina aya liwarna, rada ised sacurukna, da puguh margi hoyong ngamekarkeun ajén diri. Sanés nu lian. Watekna lungguh timpuh andalemi sanaos aya dina dunya nu hurung-hérang. Éta ogé perkawis seneng kana narkoba, apan margina aya nu nyekok. Sanés lepat-lepat teuing anjeunna. Sumuhun, karunya. Watir. Raga geulis luis taya turunan mah angger bakal nguyung. Tapi, upami paréntah Gusti ieu dirempak, mamalana pasti ageung. Jangjang bakal tutung sabeulah. Badan bakal lalinu. Aduh, kumaha nya? Maenya Ijrail engké teu gaduh jangjang?
                                                                ***

Description: Carita Pondok Sunda Lagu Laas Nu terus Ngagendrung Rating: 4.5 Reviewer: ridwan ItemReviewed: Carita Pondok Sunda Lagu Laas Nu terus Ngagendrung
Al
AhliWebs Updated at: 20.46

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!