Carita Pondonk Sunda ( Kingkilaban )

Carita Pondonk Sunda ( Kingkilaban )


Kingkilaban

KU : Déni Hadiansyah

ASUP ka kelas, nu pangheulana ditéangan téh Tina. Suwung. Ditanyakeun ka batur sabangkuna, Réni,  kalah gideug. Kacida handeueulna, budak téh geus bolos deui waé. Karék mangkukna diseukseukan, ulah mindeng teuing bolos, sabab sakeudeung deui rék nyanghareupan ujian. Hanjakal mah moal ti heula, jeung moal karasa ku batur, cékéng téh.
Weléh teu ngarti, geus welasan taun ngaguruan di SMA, karék ayeuna nyanghareupan murid kawas Tina. Najan ukur pangawak awéwé, tapi wangkelangna alahbatan budak lalaki. Keun sual bolos sakola, kaitung lumrah kasus kitu mah. Minggu kamari mah dijiwir di kantor ku Bu Asni, da kaperego ngaroko di kantin. Atuh dua poé méméhna diriungkeun di rohangan Kapala Sakola, alatan paséa jeung babaturan sakelasna. Cenah mah teu ngeunah gara-gara ku babaturanana dipoyokan, 
jablay. Jaba can mayar SPP geus tilu bulan. Kungsi éta gé dipapaykeun ka manéhna, majarkeun can dibéré ku kolotna.
Sainget, keur kelas X (baca: sapuluh) mah Tina téh reumbeuy préstasi. Guru-guru gé arapaleun, Tina sok jadi juara waé mun aya pasanggiri nyanyi atawa biantara. Teu sirikna unggal upacara poé Senén, kudu wé ka hareup nampa piala atawa layang pangajén. Eukeur mah boga rupa hadé, katurug-turug sorana halimpu. Teu wudu sok padamuji. Béda jeung ayeuna, di kantor geus jadi sabiwir hiji alatan kagorénganana. Karunya kituna mah, unggal poé sok jadi bahan obrolan guru-guru di kantor. Majarkeun, Tina mah anu. Tina mah kitu. Matak panas ceuli, da kuring wali kelasna.
Kungsi kolotna disuratan, tapi diarep-arep euweuh waé nepungan ka sakola. Dipapaykeun ka Tina, naha surat téh ditepikeun henteuna. Ngajawabna teu riuk-riuk bohong, cenah geus ditepikeun.
“Parantos, Pa, mung Mamah sareng Papah ayeuna mah nuju sibuk,” témbalna harita.
Ku lantaran geus tilu kali disuratan teu nepungan waé, kapaksa kuring nepungan ka imahna. Nu dijugjug téh alamat nu kacatet dina Buku Induk Sakola. Pabeubeurang basa harita ka imah kolotna téh. Barang sup ka buruan, karasa hégar tur raresik. Najan ari potongan imah mah teu jauh béda jeung nu séjénna, bubuhan di komplék téa, ngan lebah ngabebenah taman mah aya onjoyna. Tangtu nuduhkeun kumaha rapékanana nu bogana.
“Badé ka saha?” cék lalaki tengah tuwuh, ngabagéakeun daréhdéh naker.
“Dupi ieu leres, bumi sepuhna Tina?”
“Leres. Abdi bapana,” témbalna angger soméah. “Ké, dupi ieu saha, nya?”
“Abdi ti sakola, wali kelasna. Puguh aya dugikeuneun,” témbal téh.
“Oh, manawi téh sanés Pa Guru, mangga lebet!”
Manéhna ngoloyong miheulaan, kuring gé nuturkeun tukangeunana.
Sanggeus diperenahkeun diuk mah, teu ieuh loba pancakaki, barabat wé kuring nyaritakeun kaayaan Tina di sakola satarabasna. Teu didingding kelir, dibéjakeun taya nu kaliwat. Ti mimiti bolos waé, kaperego ngaroko di kantin, paséa jeung babaturan sakelasna, jeung pangpangna mah sual tunggakan SPP. Kitu deui dicaritakeun préstasi Tina dina widang seni. Maksudna, sangkan béja téh karasana imbang tur teu maido teuing.
Bapana katangén pogot pisan ngabandungan caritaan kuring. Sakapeung kaciri tarangna ngariut, sakapeung marahmay bangun nu reueus ku préstasi Tina.
“Panjang lalakonna ieu téh,” cék Bapana Tina bari ngarénghap jero, sanggeus réngsé ngabandungan caritaan kuring. Geus kitu pok nyarita deui, “Ti saprak abdi pipirakan, Tina téh ngiring sareng Ibuna. Tapi biasana mah unggal sasih gé sok ngurunyung nyuhunkeun bekel. Mung tos aya kana genep sasihna teu aya ka dieu. Ayeuna mah kanggo bekelna gé sok ditransper kana tabunganana. Duka kumaha puguh budak téh, jadi giras ka Bapa. Duka upami ku Ibuna diwagel mah. Tapi, da…” nyaritana teu kebat.
Teu ieuh disusul tepus najan caritaanana teu kebat gé, geus kaharti tuda ka mana léokna.
“Ké, upami serat panggilan ti sakola kantos dugi ka dieu?”
“Ah, teu aya. Upami aya mah tangtos abdi badé ngersakeun ka sakola.”
Aya nu ngaganjel kana angen. Aya nu nyérését kana haté. Paingan atuh diarep-arep, kolotna euweuh nepungan waé ka sakola, horéng suratna tara ditepikeun. Geus ngabohong budak téh, gerentes haté.
“Hapunten wé, tos dirérépot ku pun anak. Disangki téh teu kitu di sakolana. Nu lepat mah abdi, kirang nalingakeun. Tangtos ku Pa Guru gé kamaphum,” cék Bapana bari melong ka jauhna.
“Ah, da tos kawajiban abdi salaku guruna,” témbal téh.
“Kawitna mah badé énjing abdi ka bumi Ibuna téh. Komo ayeuna tos aya wartos kitu, manawi tiasa dilereskeun,” cék Bapana deui.
“Ké, upami alamat Ibuna di mana kitu?” Kagok hayang apal.
“Pa Guru badé ngersakeun nepangan ka bumi Ibuna?” Bapana kalah malik nanya.
“Ari teu ditepangan ayeuna, pameng,” cékéng téh.
“Ieu aya alamatna mah, badé dicatet!” cék Bapana bari ngusiwelkeun keretas sacewir tina dompétna.
Sanggeus nyatet alamat mah, kuring gé tuluy pamitan. Maksud téh rék tuluy nepunganka imah indungna. Ongkoh sangkan masalahna téréh réngsé deuih. Kituna mah enya gé Tina téh anak batur, tapi da kumaha waé ogé kuring téh wali kelasna, guruna. Di sakola mah kuring téh teu béda jeung kolotna. Milu nungtun jiwana, milu mageuhan adeg-adeg jati dirina ku élmu pangaweruh. Lebah dinyana mah sakapeung haté téh sok ngaleketey. Ras kana nasib sorangan, sasat jadi guru téh lain ku kolot-kolot teuing. Bubuhan ti leuleutik gé diurus tur dibiayaan sakola ku uwa. Da bapa jeung ema mah geus papisah waktu kuring keur umur lima taun. Dipikir mah aya benerna ogé caritaan uwa baheula, gara-gara kalakuan kolot, anak nu jadi korban. Tur teu saeutik deuih jalma nu ngalaman nasib kawas kuring jeung Tina sarupa kitu téh.
Sanggeus naék Angkot sakali, teu lila gé anjog ka alamat nu dituju. Kitu gé meunang mapaykeun ka tukang béca, da imah indungna mah asup ka gang. Barang srog gé, kaayaanana jauh tangéh jeung imah bapana nu perenahna di komplék. Tayohna ieu mah imah kontrakan, da dibédéng-bédéng jeung imah gigireunana.
Rék ngetrok pisan panto, norojol mantén awéwé ngora kénéh ti imah.
Mau ketemu siapa, ya?”
Méméh ngajawab, kuring malieus miceun beungeut. Teu wasa nempo dangdanan éta awéwé. Ka luhurna maké kaos oblong ngaléléké, dadana ngaliglag. Ari ka handapna maké calana jeans pulas bulao, sauted.
“Leres kitu, ieu téh bumi sepuhna Tina?”
Oh, sebentar!”
Geus kitu éta awéwé téh asup deui ka imah. Teu lila norojol deui awéwé. Dangdanana teu jauh béda jeung nu tadi.
Mau ketemu Tina?”
“Leres. Dupi ieu sareng saha?” dijawab téh maké basa Sunda.
Saya Mamah-nya? Silakan!” kituna téh teu némbongkeun pasemon soméah. Jauh dibandingkeun jeung sikep bapana tadi.
Teu talangké, kuring geuwat nuturkeun asup ka imah. Gék diuk dina sofa warna bodas.
“Aya perlu naon nepungan Tina?” ayeuna mah nyaritana ku basa Sunda.
Sanggeus pancakaki saperluna, barabat wé kuring téh nyaritakeun kaayaan Tina di sakola. Euweuh nu diliwat hiji gé, dibéjakeun satarabasna. Dibéjakeun deuih yén meunang alamat gé ti bapana.
“Mangkaning minggu payun ujianana téh.”
“Oh, kitu,” teu riuk-riuk reuwas.
“Manawi Ibu uninga, Tina téh ka mana waé? Nu mawi abdi dongkap ka dieu téh bilih udur.”
“Aya wé Tina mah di rumah. Tuh, keur di kamer. Lagi ada tamu!”
Sabot kitu, torojol Tina ti kamer nu dituduhkeun ku indungna. Astagfirullohaladim, ukur na haté. Budak téh maké pakéan teu jauh ti indungna. Hég bari ngelepus udud. Buuk kusut bari panon ceuleuyeu, bangun tas hudang saré. Nu leuwih ngagebeg, ti kamer téh norojol lalaki jangkung badag. Nilik dedegan jeung roman beungeutna mah, méh saumuran jeung kuring. Ngagebeg sotéh jauh tina sangkaan, sugan nu disebut sémah téh budak awéwé babaturan sapantarna. Horéng téh lalaki geus aya umuran. Pantesna gé lain babaturan, tapi bapana Tina.
Teu lila éta lalaki téh ngadeukeutan ka kuring bari melong. Tuluy ngaharéwos, “Langganan, ya?” kituna téh bari nyéréngéh.
Geus kitu mah tuluy pamitan ka indungna Tina.
Pergi dulu, Mih!” celepot, nyium pipi.
Satengah ngarénjag nempo kajadian harita kitu téh. Ngan teu ieuh nyirikeun, dikemu wé na haté. Kituna téh bari neger-neger haté. Ngan kana haté mah geus aya kereteg, tangtu Tina jeung indungna téh…
“Éh, manawi téh teu aya Bapa, tos lami, Pa?” cék Tina. Gék diuk gigireun indungna.
“Aya sapuluh menit mah,” témbal téh bari mésem.
Teu basa-basi heula, pok wé nanya, “Ka mana waé tara sakola? Apan téréh ujian?”
Ditanya kitu, Tina teu waka ngajawab. Anggur kalah neuteup, bari carinakdak. Nempo kuring jeung Tina ngadon silihteuteup, indungna ngaléos ninggalkeun.
“Sabenerna aya naon, Tin, sok caritakeun ka Bapa, ulah asa-asa!”
“Tah, kieu kahirupan abdi nu saleresna mah, Pa.”
“Kieu kumaha, Tin?” Kuring hayang beuki yakin.
“Ti saprak Papah sareng Mamah piprakan, abdi ngiring sareng Mamah. Kanggo tuang sadidinten, abdi sareng Mamah didamel di nightclub, janten jurulagu.”
“Apan beurangna bisa sakola, lin?”
Ditanya kitu, Tina teu ngajawab. Kalah luk tungkul. Geus lila pék tanggah lalaunan, tina juru panonna aya nu ngeclak hérang.
“Teu kabujeng, da sok tunduh. Aya kalana upami siang sok aya tamu ka dieu. Kapaksa kedah ngaréncangan,” sorana ngageter.
“Maksud Tina, ngabaturan sémah kawas lalaki nu tadi?”
Tina unggeuk bari nginghak.
Aya nu nyérését kana haté. Najan rada asa-asa, tapi kuring yakin yén unggeukna Tina téh nuduhkeun jawaban nu sarua jeung kereteg nu aya dina haté kuring harita.
Geus kitu mah kalah hareugeueun nu aya. Bingung nya kudu kumaha pipetaeun jeung picaritaeun satuluynaa. Antukna mah kuring ukur bisa ngucapkeun istigfar sababaraha balikan dina haté, bari ditungtungan ngusap beungeut.
“Hapunten Tina tos ngarérépot Bapa,” cék Tina.
Gebeg, lamunan laluncatan kagariwahkeun ku sora Tina.
“Ah, teu kudu nyarita kitu. Salaku wali kelas, geus jadi kawajiban Bapa kudu nalingakeun, nguruskeun jeung milu ngaréngsékeun masalah Tina. Kitu gé mun Bapa bisa tur mampuh ngaréngsékeunana…” teu kebat nyarita téh. Kaburu aya nu nyelek kana haté. Sanggeus neger-neger manéh, pok kuring nyarita deui, “Keur saheulaanan, keun wé masalah ieu mah ukur Bapa nu apal. Ngan omat isuk mah Tina kudu asup sakola, sabab téréh ujian. Kagok sakola mah kudu ditamatkeun, bisi engké hanjakal. Paling gé ukur dua bulanan deui kana nampa ijazah téh. Sugan wé, ari geus tamat sakola mah Tina bisa néangan pagawéan séjén. Saha nu apal, anging Gusti nu uninga.”
Najan rada asa-asa, teu wudu panjang lébar nyarita téh. Sok sieun caritaan téh kurang pikangeunaheun kana haténa.
“Katawisna mah Tina moal tiasa sakola deui, Pa.”
“Naha, geuning?”
“Ah, tos kapameng sering bolos. Barina gé isin ku rérén cangan sareng guru-guru di sakola.”
Aya nu nyérését deui waé kana haté. Terus sumarambah saawak-awak. Ngaleketey. Teuing ku naon, ngadéngé jawaban Tina kitu, haté téh asa teu méréan. Karunya kana nasib hirupna, tada teuing mun tumiba ka anak sorangan. Can tangtu bisa nyanghareupan kawas Tina harita. Tapi antukna mah kuring sadar, yén kasus nu karandapan ku Tina, béda kacida jeung kasus-kasus séjén kawas nu karandapan ku babaturanana di sakola. Lain ngan ukur kasus bolos sakola, ngaroko, paséa jeung babaturan atawa nunggak SPP wungkul. Jauhna ti éta, aya kasus kahirupan nu leuwih ruwet tur beurat ngaréngsékeunana. Kasus nu lain waé urusan kuring salaku wali kelasna, tapi kasus nu geus jadi urusan balaréa. Kasus nu bisa jadi moal bisa diréngsékeun ku saha waé, iwal ayana kasadaran ti diri Tina pribadi.
Ku lantaran pikiran éta pisan, nu ngalantarankeun harita kuring teu bisa kebat cacarita deui. Najan ari kahanjelu jeung kapanasaran mah ngaganjel kénéh. Antukna kalah paheneng-heneng. Tina gé kacirina téh teu nginghak deui. Antukna kuring lah-lahan pamitan. Lian ti geus katimbang cacap picaritaeun, ongkoh harita téh wanci geus reupreupan. Bari masalah nu keur disnghareupan ku Tina téh, cék tadi gé, lain masalah nu bisa diréngsékeun harita.
Langit karasa angkeub, basa suku rék diléngkahkeun kaluar ti imah Tina.
Rék mukakeun pisan panto pager, Tina ngagentraan, “Iraha-iraha mah améngan deui ka dieu, Pa?” kituna téh bari imut leleb. Indungna nu ngajanteng gigireunana, milu imut, sarua lelebna.
Kuring ukur unggeuk.
Deudeuh geulis, kudu kumaha bapa nulungan hidep? Ngagerentes kitu téh, cipanon mah geus teu kaampeuh maseuhan pipi.
                                                                           ***

Description: Carita Pondonk Sunda ( Kingkilaban ) Rating: 4.5 Reviewer: ridwan ItemReviewed: Carita Pondonk Sunda ( Kingkilaban )
Al
AhliWebs Updated at: 21.12

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!