Carita Pondok Sunda ( Sieun Ku Dokter )

Carita Pondok Sunda ( Sieun Ku Dokter )


Sieun ku Doktor

KU Akub Sumarna
TAUN 1946, dina mangsa revolusi, rohangan gede nu panghandapna di villa Isola (ayeuna parter Bumi Siliwangi, UPI Bandung) kungsi dipake kilinik, mun ayeuna mah disebutna Puskesmas tea.
Nyaho kitu soteh bubuhan dina hiji waktu kaparengkeun milu ka Ema nu ngahaja rek uubar ka eta kilinik, mariksa adi kuring awewe nu sasatna masih keneh kasebut orok beureum keneh bet kaparengkeun katerap kasakit ateul dina rarangan jeung sabudeureunana. Boro malelentis kawas endog lauk jeung mani jarariih, matak kukurayeun tingbirigidif sakur nu nangenanana. Beurang peuting budak teh mindeng koceak dengek teu repeh-repeh ceurik bakating ku ngarasa nyeri jeung peurih tayohna teh, komo mun seg tas pipis tuluy dielaoan ku Ema, manan repeh kalahka tuluy ceurikna hese dijempekeun.
Teuing naon sababna pangna adi kuring katarajang eta panyakit dina raranganana teh. Teuing sacara teu dihaja cai pikeun mandina nu disadiakeun ku Ema dina baskom gede teh kaancloman bulu hileud merang, atawa boa kahiberan, kapurulukan ku memerang bulu awi nu kakeprulkeun kana cai sabot ditaheur dina panci di luhur hawu. Ma’lum di pipir hawu teh sok ngahunyud suluh baketes rugang-regang awi beunang Ema ngarorotek di sisi lamping kebon awi wetaneun jeung kuloneun lembur. Harita mah ilaharna di pilemburan teh mireun seuneu sok ku hawu keneh, suluhna suluh baketes keur jalma nu kasebut hirup leutik mah, boro ampar kana ngalaman jaman kompor jeung kompor gas cara kiwari.
Isuk-isuk keneh pisan kuring ditungtun ku Ema nu ngais adi kuring anu rek diuubarkeun ka doktor di Isola tea. Leumpang we ti lembur teh mapay-mapay kuta jujukuran nu aya di sapanjang sisi jalan mobil atawa jalan gede teh.
Barang datang ka jero klinik, geus nyampak loba batur nu sarua rek uubar jeung dipariksa ku doktor tea, malah geus mimiti rea nu disebutan kudu asup ka kamar pamariksaan. Doktor teh tuan, bangsa Walanda, awakna jangkung, kulit bodas irung mancung tur make pakean sarwa bodas deui, pakean doktor. Kitu deui susterna oge bangsa enon jeung nyonya deuih, can loba juru-rawat bangsa urang cara kiwari.
Teuing nomer kasabaraha, Ema kagiliran kapanggil ka kamar pamariksaan teh, sup asup ka dinya bari ngangais adi. Ari kuring, teu meunang dibawa milu asup. Ngadagoan di kamar tunggu diuk dina bangku sorangan. Hadena bae aya ibu-ibu anu haat nyampeurkeun siga anu karunyaeun ka kuring da sirikna nepi ka hantem ngusapan sirah bari tuluy ngalahun kuring, teu bina ti ka anakna atawa ka incuna sorangan anu kacida dipikameumeutna. Lain dikieuna kuring atohna aya nu ngalalahun bari ngusapan sirah teh. Lila pisan ngadagoan Ema hayang buru-buru kaluar deui ti kamar pamariksaan teh, aya kana saparapat jamna. Barang kaluar ti kamar pamariksaan, kateuteup pameunteu Ema mani siga ngadakdak koneas kurang getihan, bari tuluy ngadeundeung-deungdeung budak bujurna dikeplok-keplok dina aisan, tuluy dibangbrangkeun ka luar rohangan tunggu.
Bus deui ka jero nyampeurkeun kuring jeung ngalalahun tea bari teu poho Ema nganuhunkeun ka eta ibu-ibu anu karerepot nyenyepeng pun anak salami-lami, cenah. Kateuteup deui pameunteu Ema jadi semu bareueus tur dina konngkolak socana aya nu rada ngembeng cisocaan tapi teu nyakclak kana damisna mah. Terus bae socana disusut ku tungtung samping pangais adi, kalayan siga nu ngemu kabingung. Pok teh Ema nyarita semu dumareuda, pokna, “Kumaha Sujang atuh ari kieu…” Ema rada rek nginghak. Kuring pipilueun teu pupuguh dina kaayaan kitu jadi asa ngegendok ku piceurikeun.
“Na kumaha, Nyai, saur doktor teh, eta Nyai ditingal-tingal teh bangun anu ewed kana manah sareng emutan?” Si Ibu ujug-ujug nanya kitu ka Ema.
“Sumuhun, Ibu, saur doktor teh supados gemet, ieu murangkalih teh moal cekap ku diparios di dieu bae, tapi kedah dicandak ka Rumah Sakit Situsaeur, engke sareng doktor ka dituna saparantosna rengse anu di kilinik ieu, saur doktor teh. Ari abdi teu puguh raraosan teh kumaha bapana budak sieun melangeun da panginten kedah wawartos heula anu sajalantrahna ka anjeunna, jabi abdi kirang bebekelan artosna sieun teu picekapeun kanggo nyumponan kaperyogianana engkena…”
“Ih, Nyai, emutan Ibu mah, punten bae mung pipilueun ku masihan emutan kitu oge,” ceuk Ibu tea ka Ema. “Saayeunaeun mah long wara seueur emutan naon-naon gemblengkeun maksad weh kedah nurutkeun kasauran doktor, ulah mungpang, hawatos ka murangkalih ari palay enggal-enggal damang mah. Kitu sanes nu mawi diubar-aber diparios ku doktor teh!”
‘Sumuhun kituna mah, namung…” walon Ema deui teu diteruskeun.
“Namung naon, kumaha bae engkena etana mah urusan ti pengker sageuy doktor oge teu kagungan kawijaksanaan sareng tinimbangan ka urang bisi aya kakirang kanggo itu ieuna dina aras-urusna mah…” Si Ibu tea tuluy-tuluyan ngingetan.
Sabot Ema jeung Si Ibu tea cacarita, bray weh panto kamar panmriksaan teh aya nu mukakeun ti jerona. Doktor kaluar make baju dines bodas keneh cara tadi, tuluy mere isarat jeung ngomongna ku basa Malayu ngajak ka Ema jeung ka budak supaya nuturkeun.
Gok kana mobil doktor anu ngajugrug di buruan kilinik beulah kidulna. Mobil power tiung bodas nyirikeun mobil dines kasehatan. Bray doktor mukakeun panto mobil beulah tukangna, nitah asup ka Ema ka kuring jeung ka adi anu teu lesot tina aisan Ema. Gek diuk dina jok di tukangeun jok doktor anu tuluy nyupiran ku sorangan ngagerung muru dayeuh Bandung rek ka rumah sakit Situsaeur  kitu katelahna harita mah Rumah Sakit “Imanuel” teh.
Samemeh wanci tengah poe geus anjog ka Rumah Sakit sarta doktor oge geus rengse mariksa nu jadi adi. Ari hasil kaputusanana, adi teh teu meunang henteu kudu tuluy diopnameu ti harita keneh teu meunang dibawa balik. Doktor nu mariksa cakah-cikih kaluar asup kamar.
Mireungeuh Ema jigana teh kalah beuki tagiwur leuwih ti basa tadi keur di kilinik Isola tea. Naha atuh sabot doktor ngajugjug hiji rohangan anu rada anggang ti tempat mariksa adi durugdug teh kuring ditungtun ku Ema mehmehan lumpat bari babalicetan ngaliwatan sababaraha lawang ka luar ti rumah Sakit. Adi kuring dibawa mabur dikeukeuweuk dina aisan tuluy leumpang mapay jalan mobil ka kalerkeun jigana Ema mah apal kana lebah-lebana jeung pungkal-pengkoina eta jalan. Bari leumpang gancang teh Ema mah teu weleh lieuk deui lieuk deui ka tukang jeung ka jauhna, sok sieun doktor nyusul make mobil, nyusul nu kabur ti rumah sakit. Gerung, gerung aya sora mobil anu mapay jalan ka kalerkeun sora mesinna siga anu ditarikkeun, digas malar laju mobil bisa gancang. Ema jeung kuring anu ditungtun-tungtun meh bareng ngalieuk ka tukang ka palebah ngagerungna sora mobil. Enya bae mobil doktor da kaciri tiungna model deklit wara bodas ngagerung maju cepet ngaler bari tidid-tididan nyadakeun laksonna sapanjang jalan, teu beda ti mobil pulisi nyadakeun sirineu. Durudud teh kuring dibetot mani tarik pisan ku Ema tangka ka taktak asa ngajenghak sabeulah.Tuluy balucat-balicet bari selepat-selepet mapay gang leutik malar teu kasusud ku doktor. Reg mobil teh sada eureun di palebah tungtung gang anu tadi Ema ngabalicet ti palebah dinya. Sora mobil mah jempe henteu ngahiung ngan orokaya ari klakson mah hantem-hanteman disadakeun matak ngahariwangkeun ka sing saha anu ngadengekeunana. Ema jeung kuring ngahephep dina pipir hiji imah bilik nyempod dina sela-sela dapuran tangkal cau.
Jigana lila-lila mah doktor teh boseneun. Jep klaksonna dijempekeun, mesin mobilna digerungkeun ka kidulkeun kawas nu rek balik deui ka palebah Rumah Sakit.
Asa leupas tina kurawed tataheunan, kolesed tina panyumputanana. Adi ngadengek dina aisan, dikeplok-keplok bujurna sakeudeung jep repeh. Kuring ditungtun mapay jalan anu sakitu jauhna. Ngajujug ti bawahan kidul ka pakaleran, apal-apal soteh kana ngaran jalan jeung tempat-tempat anu kungsi kaliwatan harita ka ‘behdieunakeun we, saprak kuring mindeng sumaba ka Bandung pedah aya milik kudu neruskeun sakola lanjutan bari tamat ti kelas genep sakola rayat. Apal jalan anu kaliwatan ku leumpang jeung Ema teh di antarana wae Jalan Pasarbaru, Kebon Jukut jeung pintu kareta api, Jalan Kebonseureuh, gedong gupernuran, Cicendo, totogan Cipaganti, Bojonagara, Cigolendang, Isola, Sawahlega, Cirateun Gede atawa Padasuka, wates haminteu kota praja Cihideung weh, lembur matuh.
Leumpang ditungtun ku Ema teh barang nepi ka Cirateun -wetan lebah nu disebut ‘es-krim’ kiwari, reg eureun heula reureuh aya kana satengah jamna. Diuk dina bangku jongko kupat tahu Bi Anah anu kasohor ka mana-mana liket kupatna leuleus-liat, goreng tahuna badag, sayurna cikruh, bungbuna karasa, kecapna meujeuhna. Mun tas nguah kupat satengah alas satengah harga ti nu biasana oge matak wareg teurab eueureuleuan disurung ku cai enteh sacangkir cangklek teh mani ngageleser karasa kana jero peujit matak seger jeung jagjag ka nu lapar. Kitu deui mun mincuk menta diladangan sapincuk oge bekeleun atawa boro-boroeun anu di imah matak wareg saimah-imah, pincuk kupat Bi Anah tilu-taleneun teh, enya medah-meduh pajarkeun teh dimurah-mareh mere sawareh cenah ge, nu matak kajojo ka mana-mana. Kitu pamakena, meureunan. Harita oge Ema ingeteun ka Bapa, teu poho mincuk kupat deuih, sanajan datang ka imah disampakkeun ku kutuk-gendeng, nganaha-naha ka Ema majar indit-inditan kamalinaan matak ngahariwangkeun ka sarerea cenah. Ari rek disusulan ka mana da teu puguh raratanana.
Nu keur kutuk gendeng teu ditolih, bungkus kupat anu diajam bakal dihenggoy ku Eapa bet siga anu teu direret-reret acan. Bus wae Ema ka pangkeng ngagelehe bari mepende adi, kuring mah ngabaheuhay terus nangkarak bengkang di lawang ka patengahan.
Dengek adi ngadengek tuluy ceurik rada lila. Dina ingeteun kana ubar pamerean suster di kilinik Isola, salep sabungkus herang warnana semu koneng memper-memper sele-ganas adukeuneun kana roti tawar beunang ngeureut sagepokkeun atawa satengah gepokeun. Las, salep teh diulas-ulaskeun kana sisi rarangan jeung palangkakan adi, lebah anu borok-berekna tangka ka limit,  repeh sakeudeung dengek deui wae adi teh ceurik leuwih tarik batan tadi . Kurunyung sawatara tatangga jeung baraya daratang pada manghariwangkeun pedah nu indit-inditan kamalinaan balik tur budak kadengena kokoceakan wae. Sigana kanceuh ku kakesangan sapanjang jalan papanasan, atawa boa ubar salep ti doktor terap kana panyakitna.
Di tengah-tengah ngagonyokna tatangga jeung baraya kitu, celengkeung teh Ma Eyang, nini kuring ti Ema, sangeusna nawakwak magar teu berek ngupah-ngapeh budak saban waktu ngan kokoceakan wae, ari peuting rungsing ngabaribinan nu lian, ti beurang matak hariwang sarerea.
Rajeun ngubar-ngaber oge kalah ka inditna wae ti isuk jedur sapoe jeput nambahan kahariwang sarerea. “Cing ka dituh sing aya kahayang. Naruk pupucuk daun dalima beureum lima lambar mah, sanaktuna budak. Lain Ahad nya weton budak teh?”
Ma Ayang ngareret ka bapa kuring anu ti tatadi cimunuk wae di juru lawang ka dapur da tengah imah kaheurinan ku nu daratang.
Bapa ngolesed ti imah rek nurut kana panitah Ma Eyang, ngajugjug pakarangan Ambu Lurah Sepuh di beulah wetaneun imah, mamandapan ka payuneun Ambu Lurah, nyuhunkeun daun dalima. Sanggeus kawidian ku nu kagunganana. Bapa mipit pucuk daun dalima tea lima taruk nurutkeun panitah Ma Eyang. Memeh hanjat kana golodog dapur, teu poho nu meunang naruk teh dikumbah heula ku cai sagayung meunang nyiuk tina goleng anu sok ngajagrag wae di pongpok dapur.
Song pucuk dalima anu dikekempil ku bapa teh diasongkeun ka Ma Eyang. Dipuril-puril dilupat-lipet, wel diwewelkeun kana lebet bahamna, teu beda ti nu ngalemar, daun dalima teh digayem, ceprot-ceprot diburakeun kana lebah nu borok-berek adi tea. Ma Eyangna teu weleh kuwas-kuwes wae. Beres ngaburaan jeung ngadulas-dales pamuraanana,dengek deui adi matak reuwas, teuing peuriheun ku ubar teuing naon. Ma Eyang teu weleh kunyam-kunyem wae bari tungtungna kadenge neneda ka Gusti Nu Maha Suci. Kadenge deuih aya tatangga awewe anu geus cetuk huis, nyambungan, pokna, “Mugi-mugi wae sapamundut sing dikabul sapaneja tinekanan, saorana ari sepuh mah seueur kaiasa sareng kaweruhna…”
Dua-tilu poe ti harita, borok adi teh ngadadak nungtutan morolok, japah jeung talapokna siga anu nungtutan maaruragan ku sorangan. Adi maju ka cageur. Teuing perbawa matihna salep ti suster teuing mujarabna ubar tradisional papanggihan nini teu kaliwat diparancahan dijampean dijangjawokanan.
Aya nu ngembat keneh dina ingetan, basa di sampalan kebon pasireun lembur, Si Jumli bari ngiuhan keur ngangon domba teh ngoconan ka kuring cenah ge.
Dulugdag-dulugdugdag
Aya motor kahuruan
Nu budug diudag-udag
Ku doktor rek diubaran…
“Na saha anu budug teh? “kuring ngeletan ka Si Jumli.
“Hendeuh, kawas teu rumaos wae lain ulang keur leutik teh kungsi borok-berek, eta geura tingal dina bitis tawisna kerebek sapertos tilas hui kulanas. Sareng sageuy teu emut apan bareto teh mani matak gujrud salelembur ear satatangga, ejrod sapakuwon, aya budak orok dibawa kabur ti rumah sakit alatan sieun ku doktor pedah budakna kudu diopname. Lain adi Ujang, eta teh?’” Si Jumli neuteup beungeut kuring sawatara jongjongan. Kuring bati ngajulaeu dikitukeun teh.
Hiji waktu pasosore keur hade poena, kuring di imah adi, nyanghareupan opieun anu rupa-rupa nembrak dina meja. Pok teh sorangan satengah ngaharewosan ka nu jadi adi, “Kudu sukuran Nyai tawis unjuk nuhun ka nu Maha Agung anu sipat Welas Asih ka mahlukna. Asa cikeneh kamari ieu mah Akang ditungtun-tungtun ku Ema ngais Nyai. Padahal Akang geus kapala genep umur teh,. Nyai geus kapala lima geus bebas tina pagawean bari meunang piagam penghargaan ti pausahaan tempat Nyai digawe. Cingcirining jujur laku suhud junun dina hiji perkara turta dikersakeun panjang umur.”
Teu kaampeuh asa aya nu ngagendang dina kongkolak panon kenca-katuhu. Ret deui ka nu jadi adi nu tadi diharewosan, bet rambisak deuih, jigana sarua jeung kuring, loba kainget jeung karumasa, rumasa sagala tuna jeung laip…
                                                                        ***

Description: Carita Pondok Sunda ( Sieun Ku Dokter ) Rating: 4.5 Reviewer: ridwan ItemReviewed: Carita Pondok Sunda ( Sieun Ku Dokter )
Al
AhliWebs Updated at: 21.01

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!