Carita pondok sunda : Sasak Cisamun

Carita pondok sunda : Sasak Cisamun


Ku: Mariam Arianto (pangarang) 
"Hayu lain rek bareng ka Cisamun. Sakeudeung deui sakola bubaran. Lamun ayeuna urang indit, bisa ngopi heula." Sora Ending ngagorowok, bari terus ngahirupkeun motorna."Dagoan siah kehed, aing, keur nukeurkeun heula duit," sora Udin teu eleh tarik. Sok manehna mikeun pamulangan ka panumpangna, dius ngudag Ending. Tilu motor ojeg sejen ngebut nyusul.
Ngaliwatan dua tilu pengkolan, geus tepi ka sasak Cisamun.
"Kopina Bi," ceuk Ending bari samutut ku bala-bala, gek diuk dina bangku awi, gigireun Udin. Sakiceup Bi Dedeh geus ngasongkeun kopi panas sabekong.
"Roko sabatang." ceuk Udin bari celenun kana combro. Wel wel dihuapkeun. Ngan ukur jadi tilu huap. Leguk, leguk didorong ku cikopi. Puguh we diburakeun deui, da puguh nyuruput cikopi panas.
"Bedul, panas geuning."
"Tadi silaing narik ti mana, urang ngadagoan meni kesel. Rek narik kagok geus jangji ka Neng Titing menta dijemput ka sakola." Ending nanya ka Udin bari paromanna mah angger nuju ka na motorna nu keur dieusian bengsin, di bengkel gigireun warung.
"Ka Padarame. Ngan balikna kapegat hujan, meni ngagebret. Ngiuhan heula di warung Mang Soma. Kalah jebol ku roko jeung kopi. Boro-boro meunang panumpang balikna mah, kalahka rugi bengsin." ceuk Udin bangun susah. Soalna engke sore tukang kiridit poean nagih. Sedengkeun narik teu beubeunangan.
"Heueh maneh mah hayang kapuji atuda, ngiuhan di warung Mang Soma soteh. Nyaho sok jebol teh. Pedah eta nu ngaladanganana si cureuleuk nyi Tatih nya. Sora Ahon ti tukang, bari gek diuk gigireun Udin.
"Ih lain kitu Hon, uing mah mere maweh, itung-itung mahugi lah. Saha nu nyaho, manehna kapincut ku uing." ceuk Udin bari menta bengsin saliter ka bengkel sabeulah... Poho we kana kasusah mah.
"Terus indung si Dede rek di kamanakeun? Dibejakeun siah, maneh mahugi ka anak Mang Soma." ceuk Ahon bari suruput-suruput nginum kopi panas.
"Pek wae bejakeun ari wani mah ngomong ka indung si Dede. Maneh tega kitu, lamun uing diseblok ku cipanas ku indung si Dede? Moal pan? Huahaha" Udin asa meunang. Da puguh geus aya jangji di antara maranehna moal ngucah-ngaceh rusiah nu bakal pinapsueun nu di imah. Enya pamajikan maranehna nu garalakna. Ger seuri ting arakey.
"Angger karitu gawe. Dosa barudak, omat. Rek marahugi mah ka Ibi we atuh. Ulah baralanja ka Ki Soma. Cikopi, lekoh di dieu. Bala-bala, moal aya nu ngelehkeun bungbu Ibi mah, nya jang Udin." Bi Dedeh nu boga warung nembrong bari ngaladangan nu sejen.
Sasak Cisamun nyambungkeun jalan gede jeung jalan perkebunan. Warung Bi Dedeh, nampeu ka jalan gede, pas di pengkolan. Jadi warung Bi Dedeh katelah we Warung Cisamun. Nyengceling, jauh ka ditu ka dieu. Tapi, pikabetaheun.
Satungtung deuleu kebon enteh hejo ngemploh. Pasir tingpucunghul ti kajauhan. Diriung ku Gunung Limbung warna paul. Ti kajauhan ngabring tukang metik enteh, baralik rek ngilo beubeunangan metik di elos, teu jauh ti warung Bi Dedeh. Hasilna, jarajan di warung Bi Dedeh.
Nu nambah haneuteun, di hareupeun warung dipake mangkal tukang ojeg. Salian ti ngadon ngaropi, atawa ngagosip, nu pentingna barudak SMP ti Cisarua naek ojegna nya di dieu.
Aya nu langganan, aya nu naek biasa. Barudak sakola geus warawuh deui jeung langganan masing-masing. Cluk-clak, durutdut biur baralik ka lembur masing-masing, lamun geus bubar sakola.
Warung Bi Dedeh oge jadi beken. Keur di gigireun warung, aya bengkel, aya kios hp, ngajual pulsa pangpangna mah. Salian ti warung kios duanana bogana Bi Dedeh. Sarerea geus apal deui ka Bi Dedeh nu kreatif.
Sagala rupa bisa dijadikeun duit. Lauk emas di balong diduitkeun. Cau turuyan ti kebon diduitkeun. Teu kaliwat, sayuran ti kebon oge jadi duit. Turutaneun ketang kituna mah.
Bi Dedeh, dedeganana bayuhyuh, kulit sawo mateng, someah, resep heureuy. Jeung kajojona teh deui pasakan manehna mah moal aya nu ngelehkeun ngeunahna. Warung tonggoh, sarua dagang comro, tapi combro Bi Dedeh leuwih gurih cenah. Warung lebah sarua dagang cikopi, tapi buatan Bi Dedeh beda cenah, leuwih lekoh. Behna mah kajojo we warungna teh. Pangpangna pisan mah paranti ngumpul tukang ojeg jeung supir treuk perkebunan. Keur mah deui, warung jeung imahna aya di jajalaneun pisan ka daerah perkebunan atawa jajalaneun ka pilemburan.
Hiji poe Udin kanyahoan ku Ahon teu ngojeg. Isukna, nya kitu deui suwung, teu dines. Bi Dedeh kaleungitan soteh, pedah Udin poe eta rek mayar hutang cikopi jeung roko.
"Kunaon cenah Hon Udin teh" Bari song Bi Dedeh ngasongkeun roko sabatang. Leungeunna angger namprak, maksudna ulah nganjuk deui. Ieu mah kudu mayar kontan. Kapaksa Ahon ngodok saku heula keur mayar roko. Rada era da masih keneh boga hutang urut kopi harita basa manehna keur kosong.
"Puguh can panggih Bi. Ditanyakeun ka Ujo, duka cenah. Padahal kuring jangji rek bareng ka Pameungpeuk."
"Rek naraon ka Pameungpeuk, sajauh-jauh. Miceun piduiteun. Kumaha barudak nu langganan baralikna ti sakola engke?" Bi Dedeh panasaran hayang terang kunaon Udin teu narik. Bisi we gering. Pangpangna Udin boga keneh hutang bengsin.
"Ah dasar we Si Udin. Pedah Nyi Tatih menta dipangmeulikeun hp anyar cenah."
"Hp anyar kumaha, teu ngarti Ibi mah" Bi Dedeh tambah panasaran. Dina pamikirna, kana hutang mumul mayar, gayana we rek meuli hp. Jeung teu pikalucueun deui, keur mahugi.
"Teuing atuh. Cenah rek meuli hp urut we. di Pameungpeun rada murah. Sugan engke kuring bisa neang, sieun gering."
"Enya teang ka ditu. Peupeuriheun Ibi moal bisa. Batan sakieu keur rariweuhna. Ngan omat nya pangnagihkeun urut bengsin." Ceuk Bi Dedeh bari song song ngasongkeun cikopi panas ka nu pesen. Leos ka tukang, ngajait seupan cau. Bru diwadahan kana baskom. Sok dipajangkeun di warung. Gup gap, hayang pada ngasaan seupan ceu, meungpeung panas. Kacipta didorong ku cikopi, moal teu ni'mat. Ngan ukur sakiceup, seupan cau ngan kari cangkangna.
Mani tukangeun warung Bi Dedeh. Aya nu manggulan kai, awi, bilik, hateup jeung kaperluan ngabangun sejenna. geus kitu mah ngan kadenge dak dik dukna nu keur ngadegkeun. Tara ieuh nitah tukang, Mang Dadang mah ari ngadegkeun teh. Sok ku sorangan paling dibantuan ku laden dua, kabeneran manehna keur cuti. Proyek di Bandung geus rengse. Bari nunggu panggilan ti Bosna, nya ngagedean rohangan di tukang. Meungpeung aya waktu cenah.
Keur Bi Dedeh mah nya atoh we, ari Mang Dadang nya di lembur teh. Sok we pikir geura, biasana manehna nu kudu ngurus ingon-ingon, balong, pepelakan, bari jeung di warung oge riweuh. Enya eta oge dibantuan si Nana, teu ngaleuleungit. Tapi naha Si Nana bisa nguruskeun lamun Si Bleki kabur, atawa kurang hade miarana. Meureun teu kumaha mah salakina ngambekna, da anjing kameumeutna. Harita ge, pedah ti perkebunan aya nu lapor cenah si Bleki rek ngegel budakna, pan jadi urusan jeung kaamanan tah. Nya saha deui nu nguruskeun salian ti Bi Dedeh.
Untung Bi Dedeh pertentang, ari can digegel mah atuh tong ieuh jadi perkara cenah. Nu antukna kapaksa si Bleki dirante.
Manehna oge sarua boga cocooan nu kudu diurus dihade-hade. Bedana teh si Bleki tuknag ngajaga imah, ari cocooan manehna mah pangedulan. Gawena ngan sare. Carang kulayaban kaluar, paling ngarengkol dina anggel butut di juru warung. Maturan manehna barang gawe. Lamun ngarasa lapar kakara uang eong, menta parab. Teu ieuh ngahesekeun.
Mana harita salakina aya di lembur teh asa katulung pisan. Salian ti ngagedean rohangan di tukang, bisa ngabantu soal sejen. Nyirib di balong aya nu mangnyiribkeun, ayeuna mah mun pareng aya nu butuh lauk emas rada loba. Keur kaperluan warung sakilo dua kilo mah Si Nana bisa ngadekluk nguseup.
Ngadago-dago beja ti Udin, malah Ahon oge lep les teu ngojeg geus sabaraha poe. Nu aneh teh Ending, Maman, Ubed oge suwung tara ngelol. Naha parindah mangkal kitu, pikir Bi Dedeh. Pedah Bi Dedeh sok nagih hutang maranehna. Ah, da lain ukur wawuh saliwat jeung maranehna teh. Geus aya taunna. Jeungna deui geus asa ka dulur ka maranehna teh. Masing enya sok ngaranjuk di warungna, da ari cai cai wae atawa cau sesa ngajual mah sok ngarasaan, teu kudu ieuh mayar. Haratis. Kudu amal apan ceuk haji Judin oge. Enya pangurus masigit di Perkebunan, ari keur hotbah Jumaahan. Dongeng si Nana, sok alewoh bari ditanggap lamun tas balik Jumaahan.
Sihoreng aya sababna geuning kunaon... teu ngelol geus aya samingguna.
"Jablai?" Nu bener, Ceu!" ceuk Edah, pamajikan Udin. Bari nyingraykeun buukna nu ngareumbay, nutupan beungeutna. Da puguh keur silih siaran jeung Atik pamajikan Ahon.
"Enya jablai. Cenah wangunan tukang oge dilegaan, nambahan kamar meureun. Terus Bi Ehm jadi si mamihna cenah." Ceuk Atik teu wasa nyebat ngaran nu boga warung di Cisamun.
"Euceu ceuk saha." Angger Edah can percaya, warung tempat mangkal salakina dipake teu eucreug. Ulon-ulon, mangkal ngojeg, ngadago muatan, ari pek? Nyel we pinapsueun. Kabeneran Bi Erum pamajikan Ending balik ti pancuran ngaliwat. Da teu sirikna dibetot atuh sina ngilu ngariung di golodog. Manehna ge reuwaseun, kumaonam bisi aya nanaon. Daradad Edah nerangkeun ka Bi Erum, cenah Atik ngadenge obrolan Udin jeung Ahon di tepas, manehna rek nyodorkeun ci enteh, ngareungeu nu saleuseurian reg eureun. Hanjakal nu kareungeu ngan ukur Jablai, rohangan tukang dijieun kamar, katingal sok dipapangku. Jeung hp hp kitu..
"Kutaaan. Astagfirulloh haladzim. Paingan atuh bapana si nyai, si kasebelan teh, betah ari nangkring di warung Cisamun teh. Lain antepeun ieu mah. Kudu dilaporkeun ka Haji Judin. Ceuk Bi Erum bari rigidig ngangkat ember di eusi seuseuhan.
"Sabaar, sabaar Bi." Bi Erum diandeg heula ku Edah. Terus tingharewos. Bi Erum jeung Atik unggeuk unggeukan, siga nu enya ngarti, kana siasat. Hate Edah geus buleud, oge Atik jeung Bi Erum, satuju rek nyieun tindakan nu matak reuwas nu boga warung. Oge pangajaran keur para lalaki nu sok iseng "jarajan diluar, sangkilang di imah oge wareg" "Rasakeun pamales aing" meureun kitu gereget hate nu keur panas.
Wanci asar, di warung Cisamun karasa sepi. Panon poe ampir surup. Geus karasa tiris, kajeun teu nyecep. Kagiatan di pilemburan, angger teu robah. Barudak nu keur ngadu kaleci, moal eureun lamun teu dibuburak ku indungna geus waktuna ngaji di masigit.
Waktuna diajar ngaji geus maneuh, sanggeus solat asar. Jang Memed guru ngaji geus sila bari nyanghareupan al qur'an, nungguan barudak nu rek dialajar ngaji. Sanggeus ngajar barudak, kakara barudak rumaja, narabas, geus teu ngejah deui. Diajar panjang pondokna. Saha nu geus hatam, kudu ngajar barudak, silih genti jeung Jang Memed.
Tukang ojeg keur ngaraso heula di tukang. Sanggeus salat asar tinggoledag. Paribasa ngalempengkeun cangkeng, padahal kerek nyegrek. Lamun teu kagareuwahkeun ku barudak nu rek diajar ngaji mah, sigana nyegrek nepika magrib. Lumayan kajeun sakerejep, geus cenghar deui. Nyadiakeun tanaga, keur narik. Malah kasorenakeun sok aya we panumpang. Nu dagang barang tea, atawa nu tarurun tina mobil umum, tos ti Cikajang atawa ti Garut, balanja keur eusi warung. Nya barudak ojeg anu sok nganteurkeun ka pilemburan. Nu rada anggang ti dinya.
Keur piduiteun mah ulah sok dilalaworakeun, barudak." Kitu tah papatah Bi Dedeh ka barudak tukang ojeg. Ku dua ku tilu, kauntunganana, barudak ojeg meunang ongkos, duitna dijajankeun deui kana roko jeung kopi. Nu untung, nya Bi Dedeh deui.
"Assalamualaikum" sora haji Judin geueuman. Untung ditambahan ku tilu sora. Bi Erum, Edah jeung Atik...
"Waalaikumussalaaam" sora mang Dadang ti jero warung, bari menerkeun sarungna. Taksiran geus rengse solat asar.
Bari pak pik pek mereskeun gelas kotor, mang Dadang ngahaturanan semah ka jero, atawa di tepas imah di tukang. Semah malah guk gek dina bangku awi golondongan paranti diuk nu ngadon ngopi di warung. Haji Judin nu tara tinggal ti sorban, lajeg lajeg bari panonna nguliyeng ka sakuriling warung jeung imah Mang Dadang, Mang Dadang sasadu menta dihampura, asa dosa geus lila tara milu jumaahan di masigit. Tapi aya sabab lantaranana, kaiket ku gawe. Arang langka balik ka lembur cenah. Tapi aya hiji hal nu rek ditepikeun ku manehna ka haji Judin nyaeta... can kebat nyarita, haji Judin geus miheulaan.
"Puguh akang ngahaja ka dieu teh aya perelu penting pisan keur jang Dadang sakulawarga. Oge keur dulur dulur urang di dieu. Meunang beja ti ibu-ibu, ibu Erum, Nyi Edah jeung Nyi Atik, tuh ayeuna oge bareng maturan ka dieu, bisi pajarkeun Akang akon-akon. Nya ibu ibu." Ceuk Haji Judin bari ngalieuk ka ibu-ibu nu siap rek nyerang Dadang.
"Jablaaai, Jablaaaai, na ka mana maneh teh atuh. Neangan beurit jauh jauh teuing. Na kurang parab di dieu teee. Jablaaai, Jablaaai." Bi Dedeh kokotetengan neangan si Jablai bari ngageroan kawas ka budak, di sela-sela kebon enteh. Ti kajauhan si Nana ngacung-ngacung si Jablai bari nyekel pundukna. Siga ucing mindahkeun anak-anakna ari tas ngajuru.
"Ieu Bu, si Jablai, keur ngahakan beurit di kebon enteh. Rek dimandian di balong." Bari gulawing si Nana muter awak si Jablai. Katingal ku Bi Dedeh ucing kameumeutna disiksa.
"Nanaaa, awas sia, moal dibere sarung engke lebaran. Ulah disiksa kitu, karunya" ceuk Bi Dedeh bari ngarawu si Jablai. Gancang si Jablai diusapan pundukna, di eyong kawas ka budak bangun deudeuh.
Barang ningali loba di warungna, buru-buru Bi Dedeh tuturubun ti kebon enteh, bari sasadu. Sugan teh teu loba semah cenah. Sok si Jablai digolerkeun dina anggel butut parantina, terus leungeunna nyolongkrong sasalaman.
Haji Judin kerung ka ibu ibu, nanya ti dituna mah. Atuh ibu ibu ngan ukur bisa silih pelong bari ting kelemes.
"Aeh hampura, Jang Dadang, rek asar heula. Keun we ibu ibu mah cenah rek ngondang nyi Dedeh ka pangajian pageto di Cikole."
"Aeh kaleresan, puguh abdi teh nembe bade ngawartosan kang haji, pandua sadayana alhamdulillah ayeuna mah tajug teh rada laluasa. Di ageungan, margi sok seueur anu liren di warung pun bojo ngadon ngiring solat." Bari ngajak haji Judin ka tukang, rek mintonkeun tajug, sakalian salat asar berjamaah jeung barudak ojeg nu keur ngaso di tajug. Nu tiluan, Bi Erum, Edah, Atik kalah silih tunjuk teu bisa ngajawab, basa ditanya Bi Edah iraha jeung di mana ondangan pangajian.
Basa tos jumaahan di tajug anyar, Udin, Ahon jeung Ending ngahaja ngaropi heula di warung Bi Dedeh. Geus biasa deui mangkal di dinya. Keur maranehna ngarasa heran, nu di imah ngajurung deui mangkal di warung Bi Dedeh. Nu harita, ngalarang ulah mangkal di dinya cenah sok hambur duit. Mending dahar atawa ngopi mah di imah, ngarah irit. Duit sesa bisa dipake kaperluan nu sejen. Tangtu we para bapa nurut, da jeung enyana, sok hambur ari dahar atawa ngopi di warung mah.
Ayeuna dijurung deui jajan di warung Bi Dedeh bari mangkal, alesanana cape kudu nyadiakeun dahar unggal usik cenah. Lieur sugan pamajikan teh ceuk Ending. Nu di imah mah nyengel we, bari angger pasualan henteu betus ka sasaha, da era.
Nyangka teu hade ka kulawarga Mang Dadang. Nyangka nambahan kamar keur nu teu aruni, padahal Mang Dadang keur ngagedean tajug, paranti nu marilu salat diperjalanan, atuh si Jablai ucing kameumeut Bi Dedeuh, lain "kukutan" saperti nu digosipkeun Ibu-ibu, pajar Bi Dedeh jadi "si mamih".
"Ah, hampura Bi Dedeh, uing nyangka teu puguh." Raong tiluan, basa maranehna panggih di pancuran haji Judin. Key saleuseurian nepika sareueul beuteung.
Basa Udin rek narik, bari ngahirupan motor ojegna, Ahon ngagorowok ti kajauhan da manehna oge sarua rek narik.
"Pageto jadi urang ka Pameungpeuk teh, Din. Cenah rek meuli hp anyar keur si Cureuleuk. Mun jadi ojeg rek disewa ka si Koko"
"Moal, teu jadi, sieun dileob ku indungna si Dede, huahaha" Dius Udin ka kulonkeun. Ojeg tingdurutdut, rabeng ka kaler, kidul wetan, kulon. Sasak Cisamun rame deui, saperti biasa. Si Jablai keur ngarengkol dina lahunan Bi Dedeh, bari diusapan. Si Bleki keur ngahanca parab nu diasongkeun ku Mang Dadang.

***

Description: Carita pondok sunda : Sasak Cisamun Rating: 4.5 Reviewer: ridwan ItemReviewed: Carita pondok sunda : Sasak Cisamun
Al
AhliWebs Updated at: 19.25

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!