Jebléh
KU : Imas Rohilah
Asa cepel kénéh panon téh. Datang jam dua langsung ngajoprak. Jam genep geus hudang deui.
“Trrrttt….”
Dibuka, pesen singget, “Wilujeng enjing, damang jungjunan? Tunjung putih di situ lami teu dilanglangan, bilih kabujeng beureum, mangkaning samar ka hujan.1 ”Smiley wéh.
Laju dibél, “Nuju naon, geulis?”
“Heueuh…,” ukur kitu. Lain kasarna tina kah, lain kasarna tina enya. Heueuhna ngarabut akar tina juru haté.
“Héy, nuju naon?”
“Teu nuju nanaon,” cenah. Teu ngomong deui. Ditutup mah henteu.
Kareungeu cai ngerecek tina shower, ngebul, foam aromatik ngabudah, sponlemes héjo toska, buuk murag hiji dua nyangsang na saringan pamiceunan.
Kareungeu deuih hawar-hawar jazz balad tina steréo sét. Hariringna tuturut munding bangun nu ngahenang-ngahening, “What am I to you…. Tell me darlin’ truth….”
Kuring naonna manéhna? Manéhna naonna kuring? Kuring sahana manéhna, manéhna sahana kuring?
Biwirna jebléh wangunna anéh. Maksud téh lain jiga kalolobaan biwir awéwé nu sok dipuja-puja ku balaréa. Lain ngadaun kastuba. Nyaho meureun wangun jeung beureumna daun kastuba. Jebléh ieu mah. Teu pati simétris kénca-katuhu, tapi sénsual. Naon deui atuh pangirut biwir awéwé keur lalaki iwal sénsualitasna. Rék jebléh, rék nyempring, rék beureum ku lipen, rék geunteul ku nikotin.
Teu dihaja-haja diséksi-séksi jigana. Ana nyarita semu ngaliwey, alamiah. Tara ménor-ménor, saules pulas ngora. Ngan nu mindeng kaimpleng, kayas kahibaran métalik.
Enya kurang simétris biwima téh. Ményon? Enya ditilik-tilik mah, tapi teu kabina-bina ményon, kitu lah, ményon nu keur seuri. Alus tapi. Pangaruh huntu? Ah henteu. Teuing silipangaruhan teuing henteu. Ngan huntuna alus, biwirna alus. Ari alus huntuna mah kapanggih kabéhdieunakeun. Tapi keukeuh nu sok mindeng ngulayaban dina uteuk angger jebléhna. Iraha bisa nyium biwirna?
Iraha? Ukur bisa sasalaman panggih gé. Matak parengna panggih, ngahaja sasalaman téh sok dililakeun. Lain, lain ngarameus leungeunna. Da tara méré kasempetan ngarameus leungeun-ngarameus leungeun acan atuh. Sasalaman téh sasalaman wé. Runtuyan sireum pabalap-balap mareuntas tina leungeunna kana leungeun kuring. Paboro-boro, paheula-heula muru ramo kuring, muru pigeulang, muru puhu leungeun, muru dada, muru jajantung.
Asa cinta munggaran. Padahal balawiri awéwé-awéwé na kahirupan kuring. Bisa dikukumaha sakahayang kuring. Tapi manéhna? Lebah dieu sok ngitung rahuh. Teu kaitung. Tapi satékah polah kuring ngahargaan kana prinsipna.
Dua taun atuh jalan jeung manéhna téh. Tibang ngeneng-ngeneng. Méré mah henteu. Imutna ngeneng-ngeneng, jebléhna ngeneng-ngeneng.
Pamajikan? Biasa gitu lho. Pamajikan hiji bahénol moronyoy. Lalaki pantar kuring moal milih awéwé goréng-goréng. Kabogoh wéh loba. Gareulis marohmoy. Kabogoh lima bulaneun, opat minggueun, tilu poéeun, atawa dua jameun sakadar maturan ngawadang dahar beurang, bari enggeusna silipencétan.
Lalaki sajati, ma enya kuring nu ganteng, nu bonafid, teu kitu-kitu acan. Keur naon marungkawut ngukut kabingung. Téréh péot, nyaho! Keur naon ngeukeuweuk pamajikan wungkul. Ari hayang disebut kasarung onaman. Balik deui ka dinya-balik deui ka dinya! Keun wé. Satia pamajikan mah sugan. Kasatiaanana di dieu tah! Dina lokét nu jawidwid, na kartu-kartu krédit.
“Yah….”
Gebeg, karasa aya nu noél kana taktak.
“Ibu….”
Hawar-hawar kénéh ti peuntas nu tuturut munding, “I look in your eyes, I can see what a flash….”3 Ku naon teu sakalian jeung gambama?
“Tut,” ditutup.
“Naha nélépon téh teu nyarios?” Santi kerung.
“Wah, biasa Si Soban ngalilakeun.”
“Dipercanten waé atuh, gentos geura, milari nu langkung saé.”
“Hésé nyéta néangan nu rada bodo jiga Si Soban mah, ari nu pinter téh matak riweuh urang, sok hésé nurut,” diémbohan ku héhéh saeutik. Santi gé ngahéhéh.
“Hayoh atuh, sasarap heula bilih elat,” bari mangalaskeun. Ragag-rigig kénéh gigireun. Ditingali geus berséka jeung rapih. Nu ngahariring diguyur ngebul, foamaromatik, spon lemes héjo toska, buuk hiji dua murag nyangsang na saringan pamiceunan. Ku naon teu ngirim gambarna?
“Ibu badé angkat?”
“Muhun. Jangji sareng Bu Lis milari kembang.”
Tunjung putih di situ lami teu dilanglangan, bilih kabujeng beureum, mangkaning samar ka hujan. Tunjung putih….
“Teu nanaon pami rada siangan?” Santi dibetot kana lahunan.
“Aduh… tos paheut sareng Bu Lis, sering teuing bolay, isin.”
Meg!
“Engké uihna nya, Pa!” Semu ngolo, celepot kana pipi kénca.
Santi cengkat, leungeun lesot tina cangkéngna. Sakotéap dahareun kahanca. Sakali kabuhulan, sakali kabesékan.
Indit bareng jeung Santi tepi ka garasi. Santi ngulon kuring ngalér.
Di imahna.
“Surprise… surprise, couldn’’t find it in your eyes…. “
Surprise geulis, Papa ka dieu teu wawarti heula. Norah Jones angger basajan.
“Teu ngantor bageur?” tanyana, panonna anteng nataan headline.
“Badé.”
“Naha ka dieu heula?”
“Kembang tunjung palid kana bak mandi, tuda diguyur teras-terasan, janten muir na ulekan, diantos-antos kintunan gambama teu jebul baé.”
“Héhéh….” jebléh nolol tina luhureun koran, ngalelep deui maca.
Diuk pindah. Leungeun katuhu nyalingker kana panyarandéan korsina ngaliwatan taktak jeung tonggongna. Ngejat geura. Enya wé. Sakitu teu adek-adek acan, ukur adek kana panyarandéan.
“Badé ngaleueut naon?” tanyana, ngajengjen hareupeun.
Kembang sirsa geus diteundeun deukeut suku.1 Bulgaria Woman metet na liang irung, choker nyekék lebah beuheungna, liontin mutiara na ceceklokna.
“Héy!” ngagebah.
“Moal atos.”
“Leres?”
“Muhun atos.”
“Aya Ibu atuh, maenya wé.” rungseb ku timburu ka Santi. Padahal ngabegbreg nu kudu ditimburukeun mah: Zanna, Windy, jeung paroho deui, tug ka Aty. Nyahoeun manéhna gé. Ngan nu sok rocop mah ukur ka Santi. Pédah meureun Santi mah kaasup dimulyakeun. Sah, puguh susuratanana.
Gék manéhna diuk deui, papahareup deui. Suruput kana entéh kentel nu kari satengahna. Téh manis karesepna. Teu kungsi disada nyuruputna mah. Ngan aya nu nyangkrung saeutik lebah jebléhna. Lamun aya nu nanya naon cita-cita kuring? Jawabna hayang robah wujud jadi sireum nu beuteungna kukurubukan.
“Ma mios ayeuna, Papa badé ngantor?” manéhna nyalindangkeun tas.
“Muhun, hayu atuh.”
“Kana taksi wé.”
“Sareng atuh.”
“Wios, ké Papa kasiangan.”
Hih, teu beunang dikiangsana.
Hésé pisan hayang boga jasa keur manéhna téh. Jarang pisan boga kasempetan. Ari lain kapaksa-paksa teuing manehna butuh, tur kuring banget maksa nawarkeun jasa, enya samodél untar-anteur kitu wé.
Sakali mangsa kuring jalan-jalan jeung manéhna. Kuring maké kaméja kotak-kotak biru, pédah manéhna kungsi nyebut seger basa maké baju éta. Manéhna dijin rada ngepas jeung kaos nu panjangna handapeun bujal saeutik. Mun leungeunna nyingraykeun buuk, bujalna katingali. Kuring leumpang tukangeunana saeutik. Aya nu leuwih raksasa manan Guru Zirah.3
Di nu loba jelema, hareupeun hiji konter anu keur sale bébéakan, teu pupuguh manéhna ngagentak malik jadi papahareup jeung deukeut. Bari hemeng ditalungtik naon sababna leungeun kéncana nunungkup tarang baga. Ana bréh téh seléting jinna molongo. Teuing ku naon, geus dol wé meureun. Pipina nu biasana mongplo hibar kayas téh nyéak jadi bareubeu, nyéak deui robah pias, mingkin pias, rey beureum, ahirna geunteul. Jebléhna milu gumeter. Manéhna dirangkul watir. Hadéna jalma-jalma can loba nu nyaraho. Baroloho nya éta. Leuwih kabongroy ku diskon manan ku mojang geulis nu jadi mingkin geulis lantaran wirang. Kuring muka kaméja, dipakékeun ka manéhna. Tinggal singlét wéh. Leuh, mani asa gagah téh kuring. Jiga dina L-Men geuning. Mun kungsi boga jasa jiga kitu. Hanjakal can kungsi!
Kuring jeung manéhna pairing-iring kaluar. Méméh pisah diteuteup lila teu kecét-kecét.
“Dah Papa…,” pokna bari ngélémés, jebléhna kayas métalik, leungeunna papuket nguriwelkeun beungkeut buuk lebah punduk.
I will love you with your blue
Tell me darlin’ truth
What am I to you…2
Sireum pauntuy-untuy, taksina ngalér kuring ngidul. Haté jebléh hésé diupah-apéh, Zanna ah…!
”
”
0 komentar:
Posting Komentar
Silahkan Berkomentar..!!!
Saya akan Mengahpus Komentar Yang Menggunakan Kata-kata Yang Dianggap Tidak Benar..!!!